Waktu aya rapat panitia Perekonomian Baru di Gnseikanbu P.t. Soomubuchoo
ngalarang ka sakumna anu hadir, supaya ulah aya anu udud atawa nginum. Ieu
teh, saurna, sajaba ti ngahurmat bulan Puasa, oge supaya sidang jadi leuwih
soson-soson. Pikaresepeun, nya?

Anjeunna anu kakara 2 1/2 taun di dieu geus bisa ngahormat bulan Puasa,
sanajan anjeunna henteu ngajalankeun puasa oge. Kumaha ari urang anu geus
leuwih ti 400 th. nganut agama Islam? Teu kurang anu bisa 'sulap' puasa.

Henteu jadi halangan ka nu puasa, haseup 'udud' ngebul terus. Ana rek
meunang hadiah Lebaran? Nyorobotna taya bedana ti "V ka I".

Sumber: Warta Bogor-Shu 21 September 1944
-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke