Nu loba rahul, nu loba bohong, ku lie detektor mah cenah bisa kanyahoan. Kaasup 
kasus Ryan, Rayen ceuk urang bule mah, diuji make lie detektor meh kanyahoan 
naha pangakuan si Ryan teh bener atawa bohong. Padahal atuh nya, sanggeus 
mariksa si Ryan, lie detektor teh diinjem heula sakeudeung pikeun mariksa 
pajabat anu disangka narima suap, pan meureun tereh hasilna, teu kudu nungguan 
hasil pangadilan.

Nu remen kajadian, lie detektor nu sok dipake pikeun ngetes copet atawa nu 
maling endog, sok make lie detektor cap peureup haneut. Sakali teu ngaku, dua 
kali teu ngaku katilu kalina sanggeus beungeutna bengep kakara ngaku. Salian ti 
eta lie detektor husus pikeun lalaki anu sok luar leor kawas oray,unggal poe 
balik peuting, geus waktuna para pamajikan nyiapkeun lie detektor model robot 
anu dipasang persis dilawang panto, lamun ngabohong atawa nyebut tas rapat, 
otomatis leungeun robot ngababuk. Kitu deui pikeun pasangan anu keur bobogohan, 
disadiakeun lie detektor robot romantis, lamun salahsahiji pasangan loba bohong 
atawa loba jalir, kudu rido diciwit atawa di eleketek nepikeun ka burial 
buncelik ku eta robot.

Baheula basa keur sd, pikeun ngetes kabohongan teh make cara manual keneh. Hiji 
mangsa dikelas aya nu kaleungitan duit, unggal murid ditanya tapi euweuh nu 
ngaku, antukna balik sakola ku guru di bekelan nyere meunang mulas ku nyanci 
beureum panjangna sarua, samemeh baralik ku guru diomongan kieu "mun nu nyokot 
duit pasti nyere ieu bakal manjangan!" Isukna nu nyokot duit teh kanyahoan, 
lantaran pas dipariksa hiji hiji, aya salahsahiji murid nu nyerena malah jadi 
pendek. Pamikirna, bisi enya bener manjangan nya samemehna ku manehna 
diteukteuk heula. Yah ketauan dech!

syam ridwan 

Kirim email ke