Cenah ieu alat lamun dianggokeun kanu tibubudak sok bohong..teras ngelmu
ilmu bohong..ngabohong janten falsafah hirupna..tah..eta lie detector
nunjkkeun amplitude2 normal wae...eta jelema anu kitu teh anu disebut tara
ngabohong kakapeungan...terus we bohong.........alias master bohong...

On 8/8/08, dedi dedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Alusna deui ..... SBY oge kudu bobogaan iyeu alat.
> jadi lamun adek ngangkat mantri2na ... moal bisa ngaboongan
> deui .... yen manehna na bersih tina suap manyuap saacan jadi
> mantri .... atawa boh geus jadi mantri oge.
>
> ( peluang yeuh baraya .... jadi agen panjualan Lie Detektor )
>
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Rabu, 6 Agustus, 2008 13:06:05
> Topik: [Urang Sunda] Lie Detektor
>
>  Nu loba rahul, nu loba bohong, ku lie detektor mah cenah bisa kanyahoan.
> Kaasup kasus Ryan, Rayen ceuk urang bule mah, diuji make lie detektor meh
> kanyahoan naha pangakuan si Ryan teh bener atawa bohong. Padahal atuh nya,
> sanggeus mariksa si Ryan, lie detektor teh diinjem heula sakeudeung pikeun
> mariksa pajabat anu disangka narima suap, pan meureun tereh hasilna, teu
> kudu nungguan hasil pangadilan.
>
> Nu remen kajadian, lie detektor nu sok dipake pikeun ngetes copet atawa nu
> maling endog, sok make lie detektor cap peureup haneut. Sakali teu ngaku,
> dua kali teu ngaku katilu kalina sanggeus beungeutna bengep kakara ngaku.
> Salian ti eta lie detektor husus pikeun lalaki anu sok luar leor kawas
> oray,unggal poe balik peuting, geus waktuna para pamajikan nyiapkeun lie
> detektor model robot anu dipasang persis dilawang panto, lamun ngabohong
> atawa nyebut tas rapat, otomatis leungeun robot ngababuk. Kitu
> deui pikeun pasangan anu keur bobogohan, disadiakeun lie detektor robot
> romantis, lamun salahsahiji pasangan loba bohong atawa loba jalir, kudu rido
> diciwit atawa di eleketek nepikeun ka burial buncelik ku eta robot.
>
> Baheula basa keur sd, pikeun ngetes kabohongan teh make cara manual keneh.
> Hiji mangsa dikelas aya nu kaleungitan duit, unggal murid ditanya tapi
> euweuh nu ngaku, antukna balik sakola ku guru di bekelan nyere meunang mulas
> ku nyanci beureum panjangna sarua, samemeh baralik ku guru diomongan kieu
> "mun nu nyokot duit pasti nyere ieu bakal manjangan!" Isukna nu nyokot duit
> teh kanyahoan, lantaran pas dipariksa hiji hiji, aya salahsahiji murid nu
> nyerena malah jadi pendek. Pamikirna, bisi enya bener manjangan nya
> samemehna ku manehna diteukteuk heula.. *Yah ketauan dech*!
>
> syam ridwan
>
>
> ------------------------------
> Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru
> <http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/>
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan
> @rocketmail. br> Cepat sebelum diambil orang lain!
>
> 
>

Kirim email ke