Hawar-hawar cenah KPK boga kahayang ngabajuan para Koruptor make baju anu aya 
tulisan KORUPTOR, mun seug enya teh kuring mah panuju we. Piraku ari anu maling 
hayam wae make baju Tahanan plus buuk dibotakan, na ari koruptor anu mang 
milyar-milyar mani asa panggayana sa Tahanan.
 
Kuring boga usul keur mere efek jera ka para koruptor, hukumana kieu :
 
1. Koruptor 1 M kaluhur = sina jadi kabogoh si Ryan Penjagal manusa (mun jalu)
    lamun koruptorna bikang, jual we ka germo Doli, tah duitna keur maraban   
korup
    tor anu sejena, mun usiana geus teu produktif mangga we nyanggakeun ka 
    Cep Ryan, bade didamel cincang mangga, atanapi bade disate oge mangga.

2. Koruptor 500 juta sampe 1 M = gawekeun di Tersangka Koruptor, eta mah rek 
    dijadikeun sekretarisna, atawa OB na atawa direkturna, anu penting mah 
manehna
    sina korupsi di tempatna si Tersangka Koruptor, tah hasil korupsi ti 
tersangka 
    si Koruptor keur biaya operasional khusus tahanan Koruptor level handap.
   Lamun teu berhasil, wayahna Koruptor 500 juta sampe 1 M ieu, dihukum sina 
   leumpang ti Jakarta dugi ka Bali, kalayan tong make baju atawa calana alias 
   dibuligir. Geus nyampe ka Bali karek dikirim ka Cilacap, tong make kendaraan 
   Pamarentah, titipkeun we kana treuk anu rek ka Jawa, ngan kahade dina treukna
   borogod da bisi kabur. geus nepi ka Cilacap, sina ngojay ka Nusakambangan.

3. Koruptor 100 juta sampe 499 juta = Sina jadi TKW. Kerjasama jeung pengguna
    TKW anu garalak (anu sok nalapungan, neunggeulan, ngajenggut buuk, anu sok
    menta jatah, anu sok teu pupuguh ambek-ambekan) leuwih alus deui lamun
    diserahkeun ka pemakai jasa TKW anu Sadis (salah saeutik alungkeun ti 
    apartemen tingkat 18 misalna)

4. Koruptur 50 juta sampe 99 juta = Gawekeun di lapindo sina nutupan liang 
lumpur
    sampe lumpur teu nyebrot deui ka luar.

5. Koruptor Rp. 1 sampe 49 juta = Sina ngagali liang kubur keur anu maraot sa
    Indonesia (kaasup keur ngubur seniorna (Kpruptor level luhur).
 
Sugan we moal aya anu korupsi.
 
Cag


      Get your new Email address!
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke