hahahahahaha ngiring seuri bah...

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: Urangsunda 
  Sent: Wednesday, August 13, 2008 2:40 PM
  Subject: [Urang Sunda] Tukang ngaroko ....


  Aya jelema keur melenyun udud di sisi jalan bari neuteup gedong agreng 
  dipeuntaseun jalan. Teu kungsi lila jebul aya nu nyampeurkeun ngajak 
  ngobrol. Nu nyampeurkeun teh nanya: "Sapoe sabaraha bungkus anjeun 
  ngaroko?"

  "Tepi ka dua bungkus, ngan biasana mah ngan sabungkus", ceuk nu udud bari 
  nyeuseup haseup roko siga nu nikmat tapi panonna teu leupas tina nengetan 
  gedong.

  "Geus sabaraha taun ngaroko?"

  "Leuwih ti 20 taun, ti saprakna mahasiswa."

  "Tah ki Silah, geus sabaraha tah duit didurukan. Lamun anjeun henteu 
  ngaroko, duitna geus bisa dipake nyieun gedong agreng nu ku anjeun ayeuna 
  keur diteuteup!", ceuk nu anti ngaroko, siga nu mamatahan.

  "Eta gedong teh boga kuring, ieu teh keur nengetan perlu direnovasi atawa 
  henteu!"

  "???????"



   

  __________ Information from ESET NOD32 Antivirus, version of virus signature 
database 2888 (20080220) __________

  The message was checked by ESET NOD32 Antivirus.

  http://www.eset.com

Kirim email ke