bah si kuring nu nembe 40 leuwih hij ge tos ngawitan lulumpatan unggal isuk, ngan teu acan rutin, lumpat teh ari dititah indung budak. biasana rutena ka tukang, ka komplek vila triniti, mun nuju males nanjak, nya lempeng ka kampung daun, mun nuju sumanget nanjak ka cigugur.
mun henteu nya hiking alias leumpang. tadi ge ti setiabudi ka tamansari. biasana ti cihideung ka ledengkeun, 5km. --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Lumpat keur nu geus umur leuwih ti 50 taun jeung awakna bayuhyuh, lumayan > ngos-ngosan, komo lamun jalanna nanjak mah. Tapi ceuk beja dihandap ieu, > lumpat bisa majangkeun umur. Tah upama kitu hayu urang lulumpatan ..... ngan > kade diudag anjing tatangga saperti nu kaalaman ku kuring ..... > >

