Sapuk. Lumpat olahraga nu sae, saawak-awak "uget".... 3 : 1, 3 langkah sarongheap napas. Mirah, teu nganggo alat, mung ngamodal sapatu... tapi disendal capit ge okeh heheh... Abdi tos ngalalakonan lami, ti taun 1990-ayeuna, 2KM unggal lumpat, raos kana salira asa hararampang. Hanjakal mung tiasa dilakonan dinten Sabtu/Minggu & libur (sabalikna tina praktek dokter) Lumayan latihan lumpat teh sanaos teu acan kantos ngiringan Porda atanapi PON, cekap ku ngudag beus kota weee...
ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 08/13/08 04:08PM >>> Sae, Mang... Kanggo nu teu sanggem lumpat atawa gampang pisan lungse, lumpat tiasa digentos ku mapah. Dijamin moal rugi. Duit weuteuh awak seger, ngan kahade we bisi ngaliwatan daerah rawan.... heuheu... On Wed, Aug 13, 2008 at 4:02 PM, mangjamal wrote: bah si kuring nu nembe 40 leuwih hij ge tos ngawitan lulumpatan unggal isuk, ngan teu acan rutin, lumpat teh ari dititah indung budak. biasana rutena ka tukang, ka komplek vila triniti, mun nuju males nanjak, nya lempeng ka kampung daun, mun nuju sumanget nanjak ka cigugur. mun henteu nya hiking alias leumpang. tadi ge ti setiabudi ka tamansari. biasana ti cihideung ka ledengkeun, 5km.

