Kang Iwan...., eh leres asa diemutan..., upami teu lepat mah sanes Radia Shinta namung Radio Mara..., manawi aya rekamanna..., satuju Kang sok keheul..., ari ka Bandung..., ngadangu siaran radio..., elo..., gw..., elo.., gw..., jiga nu teu aya basa sanes wae..., Ari Ua Kepoh jumeneng keneh..., (Kang Doel.., punten bilih tata basana.., NGEPAS !!!)
Evy --- On Wed, 8/13/08, Iwan Hernawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Iwan Hernawan <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Sono Ka Uwa Kepoh.. To: [email protected] Date: Wednesday, August 13, 2008, 12:34 AM puenteun sateuacanana, pami topik eiu kantos dibahas maklum member enggal. Upami mudik ka lembur di padalarang kadangan sok sono pisan ka sandiwara tunggal anu disanggakeun ku uwa kepoh, pami teu lepat mah di radio shinta era 80an. meuni matak kasuat suat emut dongeng mayangsari, nyi pupung, si kulup. Rajeun nyetel radio jaman kiwari mah, da teu pararuguh kitu geuningan acarana. ngadon lagu gumbrang gambreng teu parararuguh ditambahan penyiarna anu gaya orang jakarta, make " elo, gwe, bokap, nyokap".. asa sareukseuk pisan dina ceuli sim kuring mah.. kamana atuh uwa kepoh teh, meuni sono.. sugan aya anu gaduh rekaman siarannana.. kanggo ubar anu nuju sono.. wassalam

