Anu dua eta mah asa rada teu panuju, eung...

Ti akademisi/kampus, aya ti Unpad & UI anu sugan tos katingal kumaha
kamampuhna dina ngokolakeun/mingpin kampus. Mun di kampus bae teu aya
onjoyna, komo dinagara: coret!

Cikan sugan aya nu uninga, kumaha yeuh anu katitenan ti Gumilar R. Somantri
ti UI sareng Ganjar Kurnia ti Unpad? Lian ti eta, aya deui sugan kandidat nu
sanesna anu sacara pulitik geus rada dipikawanoh di tingkat nasional? Erry
R. Hardjapamekas? Eep S. Fatah? Atawa ti militer, aya kitu urang Sunda nu
lumayan onjoy?

On Thu, Aug 14, 2008 at 3:53 PM, jaja wrote:

>   Cing urang pilarian, kinten-kinten saha tokoh sunda nu pantes urang
> usung pibakaleun calon presiden atawa wakil presiden. Mun kaudag urang usung
> kanggo pemilu 2009, tapi mun teu kaburu mah, urang jaring we kanggo pamilu
> 2014.
>
> Urang gaduh tokoh sapertos :
> 1. Ginanjar
> 2. Agum gumelar, kira-kira saha deui nya : .....? sok tokoh ti ITB, IPB,
> UNPADm jeung sajabana urang munculkeun ...., mun cacn pantes jeung laku keur
> RI 1 atawa 2, urang sorong keur kabinet.
>
> 
>



-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke