Kang Dudi, pamadegan eta ge sae, mung urang teh kedah na prihatin jeung ngupayakeun, supados aya tokoh ti urang sunda nu ilu biung jeung tangel waler ngurus nagara. Pan pasundan teh zaman baheulage ka telah aya karajaan Pajajaran, nu kawentar sa nusantara. Tah ayeuna saatos Indonesia merdeka nitih kamana eta turunan pamimpin teh.
Mun urang cicing wae, teu ngusahakeun ngajurung calon pamimpin ti urang sunda, atuh tangtos wae bakan dieusi ku nu sanes ti daerah lain, nun can tangtu bakal sajalan jeung harepanmkeur ngamajukeun rahayat. Jadi, emutan abdi mah, saenamah kumaha urang sunda teh nu katelah jumlah pendudukna ge kacida lobana, bisa ngajungjun tokoh urang sunda kanggo manggung di tingkat nasional. Mun urang sunda teu malire, nya tangtos wae bakal dieusi ku jalma lain. Piraku tina 30 jutaan warga jawa barat teu aya nu pantes jadi pamimpin nasional, atawa satingkat menteri. Tapi, hal ieu teh balik deui kana masalah, geus sabaraha lob aurang sunda anu asup di parlemen. Pami masih saeutik, jiganamah masih sulit kanggo mangaruhan kabijakan nagara teh. Mudah-mudahan kapayuna seueur pamuda nu bakal jadi pamimpin di tingkat nasional. Kang Jaja --- On Thu, 8/14/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangan - jeung kamarana paminpin ti urang sunda ? To: [email protected] Date: Thursday, August 14, 2008, 6:49 AM kuring mah rek ti endi ge kajeun lah pamingpin indonesia mah. nu utama, bisa mawa ieu nagara jadi raharja... jeung adil palamarta. enya dina misalkeun engke dina jajaran capres nyelip urang sunda. penilaian kuring nu mimiti lain kasundaan manehna..... .. sunda mah nomer dua di palebah dieu mah...... ngan.... kuring ge milu ngadua mudah-mudahan sing geura loba urang sunda nu daek tanggung jawab mawa indonesia raharja.... bari deuih jeung mampuna... -- d-: dudi herlianto :-b ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

