Baraya sadaya, 17 Agustus 2008
Merdeka... ! Merdeka tina naon cenah? Nya atuh minimal merdeka yen urang bisa mieling poean kamerdekaan bangsa urang, 17 Agustus 63 taun anu kaliwat. Wilujeng mieling poean kemedekaan bangsa Indonesia, Wilujeng mieling perjuangan para pahlawan anu tos ngabajoangkeun kamerdekaan bangsa Indonesia, boh anu kacatet ku ingetan kolektif masyarakat urang atawa anu henteu kacatet, boh anu tos ngantunkeun atawa anu masih aya keneh dikieuna, Alfatihah...! Khususon ka alm Otista, aya kareueus, kusabab pekik "Merdeka" teh, kuring yakin, sakumaha pedaran kang Iip dina buku "Otista, The Untold Stories" (sanajan judulna basa Inggris, tapi eusi bukuna basa Indonesia). Hatur nuhun juragan, ayeuna mimiti nguniang pemikiran-pemikiran salira, jeung sigana karasa ku sakabeh komponen bangsa, yen "nasionalisme anu ngakar" teh memang diperlukeun keur wangun bangsa anu siga Indonesia. Alfatihah ...!. Wilujeng ka bangsa Indonesia anu geus mimiti ngebrehkeun jeung nyalabarkeun mutiara-mutiara buah pikir presiden kahiji bangsa urang. Anu napel dina ingetan, sakumaha anu maneuh disiarkeun dina tapi akhir-akhir ieu:"Yen aya hasil anu kacida gedena tina nengetan sajarah bangsa-bangsa. Eta hasil anu gede teh netelakeun yen kasuksesan jeung kajayaan hiji bangsa bisa kahontal ngan uku ku gawe anu soson". Wilujeng ngeunteung jeung neuleuman harti kamerdekaan. Wilujeng mendakan bagean-bagean anu tacan bener-bener merdeka tur ngemutan kumaha jalan kaluarna. Wilujeng

