Ngadongeng ah*nyohag we nya*
Sarua jeung kuring atuh*teu bisa-bisa acan nu ngarana ngojay. Kungsi diajar
ngojay basa keur SMA, tapi euweuh tapakna, ngan saukur make gaya batu*kecebur*
lep! Untung mucunghul deui oge*heheh. Remen ku guru olahgara ge dicareken
(mangkaningan galak deuih!), pedah diajar ngojay tapi buuk kuring angger
garing.
"Rambut kamu koq kering? Gaya apa itu?!"
Kuring ngan saukur seuri koneng* bari ngajawab,"Gaya Bebek Bu*" (Inget kana
entog atawa meri mun ngojay, huluna angger garing hihihi*)
Babaturan kuring ge loba nu nyaleungserikeun ningali kuring cicing we disisi
mun keur ulin ka sisi basisir."Maneh mah beakeun ku awak, jangkung tapi teu
bisa ngojay, ngerakeun!... hahaha*" Maranehna mah resep we paparahuan nepi ka
tengah sagara, tumpak banana boat, ulin ski cai atawa para sailing, kuring mah
ngan saukur kukucuprakan sisi basisir jaba make ban deuih*untung teu make
pelampung nu dina leungeun tea jiga budak leutik diajar ngojay. Matak mun
ningali cai, pangpangna mah di sagara atawa di walungan gede sok kapikir,
kumaha mun dikersakeun ku Gusti paeh dina cai? Mangkaningan baroraah bisa
ngojay?
Awakna hideung lestreng tur begang. Minangka rada caang teh palebah nu
katutupan ku calana ngojayna wungkul. Ti umur 5 taun alo kuring resep pisan
ngojay. Abong indung bapana digarawe, jadi budak teh mandiri pisan. Batur mah
dialanteur ku indung bapana, manehna mah seselentrengan we sorangan. Ti
nyadiakeun pakean nepi ka beres ngojay digawekeun ku sorangan. Kukucuprakan
malahmah salto sagala dina balong paragi ngojay barudak. Ningali budak boga
bakat, ku guruna dibejakeun ka indungna. Antukna alo kuring diilukeun kana
kleub ngojay.
"Cing pangneangankeun kanebo paragi ngojay", kitu eusi SMS ti indung alo
kuring, "Di dieu mah euweuh, jauh kudu ka Surabaya. Sugan di Bandung mah aya,
da kota gede". Atuh puguh kuring kokotetengan neangan kanebo di toko olahraga.
Sapanjang jalan Otista dipapay. Adi kuring ge dititah neangan, suwung. Na*
budak teh aya-aya bae, mani kudu ku kanebo? Sugan kuring ari kanebo teh paragi
ngelap motor atawa mobil wungkul, geuning keur ngojay ge aya? Ngelap-ngelap cai
we mah make anduk we atuh?! Kuring ngomong jero hate, bari rada keuheul da teu
manggih kanebona.
"Teangan deui. Budakna mugen, mbung miluan lomba ngojay mun euweuh kanebo,
mangkaningan kakara pisan miluan lomba, sugan we meunang."Indungna maksa nitah
neangan kanebo. "Dimana atuh meulina?" bales kuring.
"Teuing, budak teh ningali aya perenang nasional make kanebo. Heug aya budak
Cina deuih make didieu, meulina ti Singapur". Halah? Disaruakeun jeung perenang
nasional & jeung budak nu beunghar? Dasar ieu mah!
Antukna manggih. Teu jauh-jauh ti pakulian kuring geuning* di jalan Merdeka.
Langsung we dikirimkeun. Saminggu ti dinya*
"Terimakasih kanebonya, Aku dapet medali perunggu!" sora reueus alo kuring nu
di Jawa Timur dina telepon minggu kamari. Alhamdulillah, kuring ge milu reueus.
Dina raraga Olimpiade, loba iber ngeunaan olah raga boh dina tipi, koran atawa
majalah. Iseng kuring mukaan koran, aya raksukan renang merk Speedo buatan luar
nagri. Raksukan ieu geus diuji coba bisa ngabantu kokojayan jadi leuwih
gancang. Keur atlit mah alus pisan ceunah.
Kuring langsung ngaSMS ka indungna alo kuring, tapi geus taki-taki bisi dititah
neangan deui, ripuh pan?
"Aya baju renang alus, merk Speedo sok dipake ku perenang internasional,
ngojayna bisa leuwih gancang ceunah".
"Wah, hebat! Alus keur si Abi meh meunang medali emas. Dimana meulina?"
"Nyao..". ceuk kuring pondok.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 08/19/08 08:39AM >>>
Diajar Ngojay
Sing demi na ge nepi ka deungeut ayeuna uing can bisa ngojay nu
bener, sok komo mun ningali di tivi haying kawas atlet ian Thorpe nu kawas
torpede ngojayna atawa kawas Richard sambera mah.
Kecap ngojay moal jauh jeung cai. Ti SMP kungsi aya kagiatan sakola
nu ngarana ekstrakoliker ngojay, di SMA ge sok aya. Ieu kagiatan the diayakeun
diluar jam sakola kawas poe-poe ti senen nepikeun ka sabtu tapi jam na sanggeus
bubaran sakola.
Didieu waktuna sok dipisahkeun mana kuer lalaki jeung awewe. Tah
waragadna kudu nawur 20 rebuan. Sok komo uing mah teu bisa ngojay, sabab ekskul
tea jadi weh ukur dating hungkul diabsen jadi bisa lulus ge teu nanaon.