Kamari kuring mudik ka Garut. Tah, waktu balik deui ka Cikarang, sapanjang jalan kuring manggihan sababaraha urang anggota TNI anyar siganamah, da beungeutna barudak keneh. Dina leungeun baju nu katuhu aya tanda kotak beureum hiji. Cik baraya nu tandana kitu teh pangkatna naon?
Ka-trigger ku nukitu, pikiran kuring jadi narawangan. Ari anggota TNI jaman ayeuna gunana jang naon nya? da Walanda geus nyingkah, jepang geus mulang. Euweuh deui bangsa anu ngajajah dina harti harfiah. Ras deui inget sababaraha waktu katukang, aya berita yen anggota TNI bentrok jeung anggota Polri, nepi ka patembak-tembak. Aya deui berita sejen, anggota TNI jadi pembunuh bayaran. jeung loba deui berita-berita sejena, anu "bintang film"-na teh anggota TNI atawa Polri. Bari nulis ieu postingan, kuring muka wikipedia, ngeunaan TNI ; http://id.wikipedia.org/wiki/Tentara_Nasional_Indonesia ceuk dina eta halaman website, jumlah anggota TNI teh 361.823 urang (Koran Tempo, 14-2-2006). terus tugasna (hampura teu disundakeun): Sesuai UU TNI Pasal 7 ayat (1), Tugas pokok TNI adalah menegakkan kedaulatan negara, mempertahankan keutuhan wilayah Negara Kesatuan Republik Indonesia<http://id.wikipedia.org/wiki/Negara_Kesatuan_Republik_Indonesia>yang berdasarkan Pancasila <http://id.wikipedia.org/wiki/Pancasila> dan UUD 45<http://id.wikipedia.org/wiki/UUD_45>, serta melindungi segenap bangsa dan seluruh tumpah darah Indonesia dari ancaman dan gangguan terhadap keutuhan bangsa dan negara. (2) Tugas pokok sebagaimana dimaksud pada ayat (1) dilakukan dengan: 1. operasi militer untuk perang 2. operasi militer selain perang, yaitu untuk: 1. mengatasi gerakan separatis bersenjata<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Gerakan_separatis_bersenjata&action=edit&redlink=1> 2. mengatasi pemberontakan bersenjata<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Pemberontakan_bersenjata&action=edit&redlink=1> 3. mengatasi aksi terorisme <http://id.wikipedia.org/wiki/Terorisme> 4. mengamankan wilayah perbatasan<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Wilayah_perbatasan&action=edit&redlink=1> 5. mengamankan objek vital nasional<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Objek_vital_nasional&action=edit&redlink=1>yang bersifat strategis 6. melaksanakan tugas perdamaian dunia<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Perdamaian_dunia&action=edit&redlink=1>sesuai dengan kebijakan politik luar negeri 7. mengamankan Presiden dan Wakil Presiden beserta keluarganya 8. memberdayakan wilayah pertahanan<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Wilayah_pertahanan&action=edit&redlink=1>dan kekuatan pendukungnya secara dini sesuai dengan sistem pertahanan semesta 9. membantu tugas pemerintahan di daerah 10. membantu Kepolisian Negara Republik Indonesia<http://id.wikipedia.org/wiki/Kepolisian_Negara_Republik_Indonesia>dalam rangka tugas keamanan dan ketertiban masyarakat<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Keamanan_dan_ketertiban_masyarakat&action=edit&redlink=1>yang diatur dalam undang-undang 11. membantu mengamankan tamu negara<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Tamu_negara&action=edit&redlink=1>setingkat kepala negara dan perwakilan pemerintah asing<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Perwakilan_pemerintah_asing&action=edit&redlink=1>yang sedang berada di Indonesia 12. membantu menanggulangi akibat bencana alam, pengungsian, dan pemberian bantuan kemanusiaan<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Bantuan_kemanusiaan&action=edit&redlink=1> 13. membantu pencarian dan pertolongan dalam kecelakaan (search and rescue) 14. membantu pemerintah dalam pengamanan pelayaran dan penerbangan terhadap pembajakan, perompakan, dan penyelundupan. Kemudian ayat (3) berbunyi Ketentuan sebagaimana dimaksud pada ayat (2) dilaksanakan berdasarkan kebijakan dan keputusan politik negara<http://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Politik_negara&action=edit&redlink=1> . Memang ditingali dina list anu diluhur mah kacida mulya na tugas TNI teh. Tapi hanjakal dina prak-prakan nana, teu saeutik anu nyeleweng. Samalah mah dina sawatara kajadian mah, "Pagar makan tanaman" pisan. Anggota TNI anu kuduna jadi abdi rahayat penegak hukum, kalahka menyalah gunakan kawenangan nana. saperti jadi beking perjudian, ngabantuan penyelundup, jsb. Balik deui kana barudak botak make baju hejo anu dina leungeun bajuna nu katuhu aya tanda balok beureum. he..he..he... lamun tiap taun dilakukeun panarimaan anggota TNI anyar, maka anggota TNI teh bakal ngalobaan. OK lah tiap taun oge aya anggota TNI anu pangsiun, tapi ceuk kuring mah, anu asup leuwih loba tibatan anu pangsiun. Alhasil, jumlah anggota TNI teh beuki nambahan ti taun ka taun. Jang naon? Da jumlah loba tapi kurang pagawean mah, energi-na teh rek disalurkeun ka mana? Naon buktina kurang penyaluran energi teh? Nya eta buktina mah, anggota TNI jeung/atawa Polri bareuki pasea. Boh jeung papada baturna boh jeung rahayat sipil. Nu matak, lamun seug kuring jadi presiden, he..he..he.. Singapura, Malaysia, Brunei, Papua, jeung Timor Leste, rek "Diajak Bergabung" jadi hiji nagara. Lamun teu daek "diajak" sacara lemes, nya kuring bakal ngagunakeun energi TNI. Ameh energina tersalurkan. jadi teu neangan "penyaluran" ka dulur sorangan. Cikan saha anu rek ngadukung kuring jadi presiden he..he..he...

