Ageman Sri Baduga Maharaja_3
Kacaritakeun
Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah
mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul
kahariwang,Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu
jadi baluang.
Dimimitian
ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji
bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa
nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi
sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero
asa beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran
dosa. Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka
parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh
bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna
tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun
bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang
leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun
kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat,sujud
syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah
mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag
dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya,bari
diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya.
Baduga
tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah
kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi’arkeun ieu
ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta
Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying
jiga rahayatna,ngan ukur menta do’a ti anak-anakna. Gelar anyar jang
ngukir kayakinan anyar,
Tah
ayeuna geus diterangkeun Baduga teh
Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea.