Kang Yadi, sakantenan naroskeun ah... Pami ngalongok nu nembe ngababarkeun di lembur sok ngadangu aya nu naros kieu : Tamu : Ea teh istri pameget? Nu nembe ngababarkeun : lalaki.
Naha waleranana teu pameget? Nuhun sateacana, Roro. >>> [EMAIL PROTECTED] 08/22/08 10:50AM >>> [punten] aya kalimah nu teu merenah:"pun adi istri". blak-blakan kuring teu nangkep, naha rai salira nu istri atanapi raina bojo nu bade jatukrami teh? bandingkeun sareng pun adi awewe, kanggo nu kahiji, adina pun bojo kanggo nu kadua [cmiiw]. tah wangsulan kana sikep rerencangan salira, tiasa janten aya "kalepatan" dina ngalarapkeun bae. punten.....

