mangga bilih aya nu minat...

--- On Tue, 19/8/08, Nining Sariningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Nining Sariningsih <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Salaka Online Edisi ka lima Agustus 2008
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Tuesday, 19 August, 2008, 6:18 PM

Kalayan Hurmat,


Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa
medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi anu ka lima Agustus 2008.

Anu eusina:

Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang

Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka Salaka
Online ngalangkungan Uparengga Palalangon
(http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka
[EMAIL PROTECTED]

Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Midangkeun:
Kabhinekaan Nu Kudu Tetep Tunggal Ika
Nusantara nu diriung ku laut, dipasieup tilu rebu pulo, padumukna aya 400 seler
bangsa, mangrupa kabeungharan anugrah  Mahasuci nu tan wangenan. Rupa-rupa basa
indung, nu dipiara tur jadi kakayaan selerna, nu endah pikeun silih pikawanoh
jeung silih pikadeudeuh. Ti taun ka taun ti abad ka abad, malah nincak mangsa
millennium ka ti tilu, kalanggengan basa indung mimiti muguran. Geus loba basa
indung nu paeh, pedah teu dipiara ku selerna sorangan. Tina 400 seler teh
(lolobana di Papua, cenah ceuk hiji panalungtikan kari 150), nu kaitung badag
kari 9. Nya eta, Basa Jawa, Sunda, Lampung, Bugis, Banjar, Dayak, Batak, Bali,
jeung Madura. Taun 1982 Basa Batak sacara resmi kabejakeun paeh, geus teu dipake
di wewengkonna sorangan. Nepi ka bijil pemeo, puseur basa Batak di Bandung,
puseur basa Sunda di Aceh. Kitu ceuk babaturan, urang Leiden-Walanda. Nu
ngayakeun panalungtikan salila 10 taun.
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Midangkeun:
Taudz Pakarang Manusa
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT
sangkan  diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur�an, sanaos mung saayat. Eta
parentah kaunggel  dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro�tal qur�aana
fasta�idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna  dimana anjeun rek maca
Qur�an, mangka anjeun  kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda
syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya  dua rupi;
Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi,
diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya�I nu pihartoseunanana :
Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna
anjeun (kj Nabi) sapertos biasa  dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng
Auuzdu billahi sami�il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa
nafhihi wa  nafsihi, �abdi  sumalindung ka gusti Allah nu  maha nyandangan,
maha uninga tina gogoda syetan nu la�nat (dipecat tina rokhmat), tina
fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.�
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Midangkeun:
Panalek, Carpon: Asep Idjuddin
Nu ngajoprak can usik keneh disimbutan angin nu reureundahan ngagalindengkeun
rasa kamari, binarung sora suling nu nyeuitan tineung, can kungsi reureuh. Duka
teuing kunaon, padahal talatah nu diharewoskeun geus tiheula nyulusup mubus
kalbu. Sabenerna asa teu kudu ngahahambur energy, komo ngahahambur jasad, pan
tina harewos ge geus atra, saha nu boga? Tah mun mikir mah eta panalek kudu
dijieun bahan kontemplasi, nafakuran diri. Jawabanana bisa wae unggal jalma
beda, apan hiji tatanan panafsiran mah, leutik gedena gumantung kana
kasangtukang pangaweruh nu nyampak. Teu bisa eta ge ari sakarep-karep mah, najan
katalikung ku �darma wawayangan� usik malik kuma Kersa, hirup teu nangtungan
waktu paeh teu nyaho di mangsa. Meni asa bener, ngantep diri teu walakaya pedah
kauger �teu daya teu upaya�. Poho tah kana mustika anugerah nu teu dibikeun
ka unggal mahluk, A K A L  jeung B U D I, senjata utama keur ngungkulan hirup,
bisa mawa kana hurip, da kateang ku milah-milih-malah-malih. Cindekna, moal nepi
ka huleng jentul hurun balung, mikiran nu teu kapikir. Golesat gedebug teu sare
unggal peuting, suda dahar, poek pikir, nyangga beungbeurat nu padahal bisa
diecagkeun. Lamun bisa nempatkeun  hirup dina tempatna. Geus nyaho teu daya teu
upaya, bet dikeukeuweuk wae. Pedit, hawek, sarakah, buah bodo teu bisa nerapkeun
mustika. Kawas monyet ngagugulung kalapa, akal dina wujud otak unggal poe
dibabawa, ukur papaes wungkul, ari teu dipake teu dgunakeun, teu dimangpaatkeun
mah. Usikkeun sakalian kadalian ku kalbu. Matak harewos teh dicecebkeun kana
kalbu, dina wujud daging jantung. Ngamudi akal ngarah bijil sari B U D I.
Adumaniskeun, janggelekkeun jadi akal-budi dina wujud laku-lampah, nu mucunghul
tina niat, ucap, rengkak-paripolah. Salila eta kadali teu dilesotkeun, nya
lalaunan nerekelkeun ajen kana undakan insanul kamil.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Galindeng Kacapi Diri (4), Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka
Kabeh gambar kalakuan tepung munggaran, tuluy hahadean antara manehna jeung
Ika, lir film, taya nu kaliwat. Enya sabenerna mah, teu salah-salah teuing Ika.
Manehna ge rumasa kecing, jeung kaduhung kareureuhnakeun. Basa manehna anyar
diwisuda, Ika nitah buru-buru nepungan kolotna. Sahenteuna, neundeun neundeun
omong atuh, kilangbara nanyaan mah, ceuk Ika harita. Ari manehna ngarasa can
sayaga. Mikirna panjang, gawe can boga, kolot batan sakitu, piraku rek nurut ka
mitoha. Gengsi. Manehna menta waktu, sataun. Tapi geus sataun teh, masih keneh
can meunang pagawean. Leos we diajar ngumbara, ka kota sejen. Sugan di Jakarta
mah, moal heurin kawas di dieu. Manehna teu wani mere beja. Sabab keur
saheulaanan mah, nyiar kipayah na teh, jadi juru laden, alias tukang ngaduk dina
bangunan. Hasilna ukur mahi keur dahar sapopoe, bari kudu ngirit, da kudu mayar
kamar panganjrekan. Kitu we pagaweanana pundah-pindah, da ngirimkeun lamaran mah
angger dilakonan. Dalapan bulan ti harita, lamarannana aya nu narima, di hiji
pausahaan media. Sanggeus lulus testing, tuluy milu diklat salila tilu bulan.
Tah eta nu rumasa dosa teh. Salila dalapan bulan, manehna teu ngirim beja
sakali-kali acan, dalah alamat na ge teu dibejaan Ika teh, da era, bisi Ika
nyusul kana gowok, sisi susukan.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Puisi - puisi Shinta Ayu Punianjung
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Prepantun/Sajarah
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Midangkeun:
Karajaan Sunda
Sakumaha anu dijelaskeun ti heula, yen Tarusbawa diistrenan jadi raja
Tarumanagara, ngaganti mertua (Maharaja Linggawarman) dina taun 669 M. Taun 670
Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan jadi karajaan SUNDA, puseurdayeuhna  di
Purasabha Sundapura, wewengkon Bekasi ayeuna, dipindahkeun rada ka jero
(pedalaman), ka wewengkon Batutulis-Bogor ayeuna. Akibat ngaran karajaan
diganti, dijieun kasempetan ku Wretikandayun (ngadegkeun karajaan Galuh taun 612
M), pikeun misahkeun diri tina kakawasaan Tarumanagara. Tarumanagara di bagi dua
kalawan watesna Citarum.  Ka Beulah kulon wewengkon Sunda, ka wetan wewengkon
Galuh atawa Parahyangan. Tarusbawa mindahkeun karaton puseur pamarentahan teh,
kacatet dina kropak no. 406 nu unina : Di inya urut kadatwan, ku bujangga
Sedamanah, ngaran sri kadatwan Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Anggeus ta
tuluy diprebokta ku Maharaja Tarusbawa deung bujangga Sedamanah. Disasar ka hulu
cipakancilan, katimu Bagawat Sunda Mayajati, ku bujangga Sedamanah dibaan ka
hareupeun Maharaja Tarusbawa. �Di dinya  urut karaton nu ku Bujangga Sedamanah
dingaranan Sri Kadatun Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Sanggeus beres
diwangun, diberkahan ku Maharaja Tarusbawa jeung bujangga Sedamanah. Diteang ka
hulu Cipakancilan, di dinya kapanggih Bagawat Sunda Mayajati; ku bujangga
Sedamanah dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa�.
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Midangkeun:
Oto Iskandardinata
Dugi ka kiwari teu kapendak di mana jasadna saparantos dipergasa di basisir
Mauk, Tangerang. Makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Kab. Bandung, mung sakadar
simbolik. Padahal anjeunna the Pahlawan Nasional. Peryogi ayana panalungtikan
anu langkung teges, saha nu mergasana, dimana jasadna nu saleresna.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Museum Negeri Sri Baduga Penting Keur Sarana Pendidikan
Anu daratang ka Museum Sri Baduga satiap taunna aya kana 150.000 urang. Tina
jumlah sakitu teh kira-kira 80 % rereana pelajar. Hiji hal anu ngagumbirakeun
yen masarakat Bandung hususna, Jawa Barat umumna, utamana di kalangan barudak
sakola aya paningkatan ti taun 2006 anu kurang leuwih 138.000 urang. Di luar
siswa  anu daratang  ka Museum, aya kulawarga, mahasiswa, tamu nagara jeung tamu
asing. Ningkatna jumlah anu daratang ka museum  mangrupa ciciren yen geus aya
kasadaran masarakat pikeun ngamangpaatkeun Museum Sri Baduga keur sarana
pendidikan.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Midangkeun:
Balik Deui Kana Beuteung Indung
Isuk-isuk keneh geus hudang, muru jam genep rek ka sawah. Balik ba�da Lohor.
Datang ka imah, kedewek dahar, reureuh, sholat. Reup peuting
sare�������, Isuk-isuk hudang . Kitu jeung kitu bulak balik,
unggal poe, unggal bulan, unggal taun. Kudu hudang isuk-isuk, kudu kasawah
ngawaskeun pagawe, kudu dahar, kudu sare jeung sajabana ti kudu. Lalakon hirup
duapuluh opat  jam saban poe ngan kitu jeung kitu wae. Hirup tungkul kana kudu,
disengker ku waktu.
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Pawitra/Pabukon
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Midangkeun:
Pameran Buku Bandung 2008
Sanajan dina bulan tukang rea panerbit nu geus rek �maot� lantaran naekna
harga keretas 2 kali dina salila 3 bulan, ditambah dampak kanaekan BBM nepi ka
IKAPI tibabaranting ngajaga kawijakan pabukon nasional kaasup PP No. 2 taun 2008
jeung meulina hak cipta tulisan buku pangajaran beuki ngabeungbeuratan kahirupan
anggota IKAPI  pikeun ngawangun budaya baca jeung bisnis pabukon nu saimbang,
jade karasa liwung jeung nguyung saperti cek papatah �maju keuna, mundur
keuna�. Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa jawaban ti panerbit nu kagabung
kana IKAPI anu tetep teuneung jeung konsisten pikeun ngabina budaya baca
masarakat dina raraga ngajaga kualitas peradaban manusa nu berbudaya di tengah
kendala jeung kasulitan nu disanghareupan.
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Midangkeun:
Panjalu
Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi Jawa
Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi  ibukota kecamatan Panjalu. Prasarana jalan
ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa wetan. Ti kulon, utamana
ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi, Panumbangan. Jauhna aya kana
100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa Kuningan ngajgjug Panjalu
ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang leuwih 30 km.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Midangkeun:
SMP NEGERI 38 BANDUNG Boga Prestasi Anu Nyongcolang Di Widang Olahraga Jeung
Kasenian
SMP Negri 38 Bandung anu pernahna di jalan Borobudur, kuloneun TVRI Bandung,
ngabogaan prestasi anu nyongcolang utamana dina olah raga Futsal. Padahal
prestasi lianna  oge saperti  dina widang Bina Mushola POPP,  Majalah Dinding,
Lomba Lukibra, Ngalukis, Debat Bahasa jrred.  boga prestasi anu lumayan. Malah
dina bulan Mei nu anyar kaliwat, SMPN 38 oge ngaboyong dua Trophy,  jadi juara
ka I Pasanggiri Rampak Sekar jeung Paduan Suara sa-Kota Bandung. Hususna dina
widang seni, siswa-siswina di bimbing ku Bapak Asep Rahardja jeung Ibu
Junengsih,S.sen.
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Pensiunan PT.TELKOM Jadi Tukang Mulung
Saha anu teu hareugeueun Pangsiunan salah sahiji perusahaan pang majuna di
Indonesia, jadi pamulung. Bet teu kaharti ku akal, naha ieu teh taya perhatian
ti  para inohong PT.TELKOM atawa karyawanna teu bisa ngirit duit gajih. Sabaraha
atuh gajihna the, kumaha nepi ka bisa jadi Pamulung?
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Midangkeun:
Ngadaharan Batu
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Garam Inggris
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Rematik
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Maen Bal
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Kuciwa
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh


Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.

Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke