Deudeuh Teuing Sunda

Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku jalma-jalma 
kiwari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita bobodoan,padahal 
ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu bingung kunaon 
Cirebon menta pipisahan,kajeun sarua Islam tapi besa prakprakan,katambah aya 
hiji jalma nu hayang kakawasaan,nepi ka tega menta bantuan raja nu ngamusuhan. 
Teu kudu disumput-sumput ratu laut kidul milu ngarusak Sunda,da kajeun kumaha 
geus loba pisan buktina,komo dicampur-campur jiga ajaran agama,beuki jauh 
mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu ngaku atawa henteu anjeun 
Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa Sunda,sakeudeung deui Sunda tinggal 
carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak nempo diri,kuring ngan ukur nitah geura 
nempo ciri,saencan leungit ieu nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. 
Geura sosonoan kana kecap Sunda,sabab Sunda bakal euweuh dikieuna,jiga 
kacontoan ku loba bangsa di dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal
 ngarana. Deudeuh teuing sobat kuring Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu 
wangi,geuning bangsa anjeun bakal leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna 
dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu 
beda,ngan ukur jadi legenda. Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu 
nyaah ka Sunda,moal cukup jang ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda.
Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan ku 
umur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti



      

Kirim email ke