kang jaja... tong boroning nu sanesna nu can kaungkab. dalah prabu
siliwangina ge masih keneh jadi padungdengan.... aya henteuna, saha-sahana.
di dieu memang tugas urang sunda, keur ngajentrekeun nyaangan nu masih surem
jeung nu masih poekna pisan teh... hayu ah!

On Wed, Aug 27, 2008 at 10:19 AM, jaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Tadi wengi abdi janten narasumber dina acara Ngawangkong di Radio Pemda
> Kota Bogor Sipatahunan 89.4 FM, ngabahas budaya karajaan Pajajaran sareng
> Gerakan Ngabangkitkeun Pasundan. Acara di pandu ku Mama. Arif, disarengan ku
> wartawan Jurnal Bogor Kang  Dadang. Ngabahas karajaan Pajajaran dijelaskeun
> ku Bp Daud.
>
>
> Bp. Daud mani entre pisan ngajelaskeun silsilah karajaan Pajajaran. Nami
> raja kapungkur mah mani sarae jeung gagarah, cobi we perhatoskeun Prabu
> Siliwangi, Prabu Kiansantang, jeung sajabana. Raja-raja ti tatar pasundan
> mah, rata-rata tiasa mimpin jeung kawanina gede pisan. Buktina can aya
> pamimpin atawa raja di tatar pasundan nu di demo ku rahayatna. Sareng pami
> perang teh, mani waranian jeung sarakti pisan. Saur Bp. Daud, masih seueur
> carita karajaan Pajajaran teh nu can ka ungkap, margi masih aya oge caritaan
> nu masih simpang siur, diantarana dimana Prabu Siliwangiteh ngahiangna,
> atanapi tilemna, oge aya nu nyaurkeun kantos timbul deui.
>
>
> Ngadangukeun caritaan ti Bpk. Daud, Karajaan Pajajaran teh kalintang
> ahengna, margi hampir sadaya pulau di Indonesia teh kakuasaan ku kararaan ti
> pasundan eta.
>
> Giliran abdi, ngajelaskeun perkawis program Gerbang Pasundan, ngabahas
> peryogina gerakan urang sunda kanggo ngabangkitkeun para pamimpin ti urang
> sunda. Margi tatar pasundan teh, kapungkur kantos ngabogaan karajaan nu gede
> katut kawentar kamana-mana.
>
>
> Program Gerbang Pasundang di tahun 2008-2009, diantarana, ngajalin hubungan
> jeung naon wae komunitas urang sunda, sapretos Paguyuban Pasundan, KUSnet,
> jeung sajabana. program nu sanesna, masing-masing komunitas ieu kedah tiasa
> ngabuka pikiran urang sunda di wilayah masing-masing ngarah hudang yen urang
> sunda kudu leuwih maju, leuwih wani, jeung aya nu dirojong keur calon
> pamimpin di Indonesia pi kahareupeun. Mun kaudag calon pamimpin Indonesia di
> pasundan urang munculkeun ayeuna keur nyanghareupan Pamilu 2009, tapi mun
> can kaburu, urang siapkeun keur pamilu 2014.
>
>
> (sumber Gerbangpasundan.com)
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke