Sae kang Yadi, sapagodos pisan eta pamikrian teh. Manga atuh urang teh tos waktosna urang sunda teh kudu ngahiji, urang rojong calon pamimpin ti tatar pasundan. Oge, urang kedah saling elingan we, bilih aya kakirangan tiditu ti dieu mah. Hayu urang teh sing ajeg, sing kuat, dan asal sagala oge ngawitan mah di kahayang nu kuat, " Keiningan".
Ieu komunitas salah sahiji wadah keur ngahijikan sagala potensi urang sunda, aya pangusaha, aya mahasiswa, aya politiukus, aya pns, jeung sajabana. Tos waktosna, tatar pasundan teh diwakilan ku urang/putra daerah pasundan oge, tos waktosna urang sunda oge kedah wantun maju ka tingkat pamimpin nasional. Tong diliwatkeun ieu kasempetan teh, piraku atuhurang rela tatar pasundan diwakilan ku urang lain nu wawuh-wawuh acan. Jeung piraku ti 30 juta warga pasundan teu bisa ngeusian anggoar DPR, jeung pajabat lainna. Urang pasundan mah , gaduh sajarah kerajaan nu jaya tur gede, piraku atuh ayeun melempem wae. Punten, abdimah sok sumanget pisan...kanggo urusan kapamimpinan mah. Baktos Kang Jaja --- On Wed, 8/27/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] Ngangkat kajayaan karajaan Pajajaran keur contoh pamimpin kahareup To: [email protected] Date: Wednesday, August 27, 2008, 7:08 AM jaja wrote: Program Gerbang Pasundang di tahun 2008-2009, diantarana, ngajalin hubungan jeung naon wae komunitas urang sunda, sapretos Paguyuban Pasundan, KUSnet, jeung sajabana. program nu sanesna, masing-masing komunitas ieu kedah tiasa ngabuka pikiran urang sunda di wilayah masing-masing ngarah hudang yen urang sunda kudu leuwih maju, leuwih wani, jeung aya nu dirojong keur calon pamimpin di Indonesia pi kahareupeun. Mun kaudag calon pamimpin Indonesia di pasundan urang munculkeun ayeuna keur nyanghareupan Pamilu 2009, tapi mun can kaburu, urang siapkeun keur pamilu 2014. (sumber Gerbangpasundan. com) __ tah hade pisan paniatan teh, muga bae kacumponan. ngahaja di luhur ieu aya kecap-kecap nu dikandelan, maksud teh bener-bener urang buka pikiran urang teh, naon anu dimaksud. memang bener sok kacaritakeun urang sunda teh babarian [pundungan], teu bisa narima kaleuwihan batur, anu tungtungna nimbulkeun sikap apatis. malah nu leuwih parah, mosisikeun jadi oposan. indikasina ngaluarkeun sindiran-sindiran mosisikeun kapihakanana ka pihak nu nyerang ka inohong nu jadi sainganana. atuh kitu deui sabalikna, inohong nu jadi jawara eta oge tara ieuh ngaraneh "dulur'-na pikeun maju babarengan. malah sigana teh kapongahan bae nu aya, ieu kuring nu jadi jawara. contona bae: bang ali [kunaon sanes kang ali?], amir mahmud, umar wirahadikusuma, muchtar kusumadinata, ginanjar kartasasmita, asana teh sosoranganana bae majuna teh, teu palayeun disarengan? duka ketah..! tah, cek pamikiran kuring mah, panyakit eta teh tos oge nular ka urang oge. buktina? cobi perhatoskeun postingan milis urang ieu. karakteristikna teh tipikal, pami aya hal nu teu sapagodos jeung diri, sanes nempas ku argumentasi nu tepat, ieu mah kalah "nyindir" ku hal nu lain-lain deui. pami hal ieu teras narekab, kumaha urang rek bisa majuna. padahal sarat urang bisa maju teh kudu bisa ngaleungitkeun "panyakit" eta. sabab pasipatan kitu teh teu pisan saluyu sareng ajaran islam nu endah. ajaran urang mah kudu silih elingan kalayan pinuh ku kaasih. sabab pami hal ieu bisa cumpon, cek istilah kerenna mah "barokah", insya allah, allah oge ngabantu ka urng pikeun ngahontal tujuan eta. sok ah, urang kawitan ti diri urang masing-masing, kawit hal nu cetek, jeung ti kawit ayeuna keneh!

