Wa'alaikumsalam Wr. Wb. Wa Tito, ni sae pangwilujengna... Nuhun ah, bade ditiron ku abdi nya... :)
Baraya Kusnet, Abdi neda dihapunten, rehna sok kutrat-kotret, ngamairan email baraya bari teu nyadar boa teuing aya nu matak renghat kana manah baraya, piambekeun, pikasebeleun, pijamedudeun, sareng pi ... pi ... nu sanesna. Suwer teu aya niat Baraya... Wilujeng mayunan sasih Syiam, mugia urang sadayana dipasihan sehat wal afiat, lancar ngajalankeunana tug dugi ka Boboran & saum urang ditampi ku Allah SWT. Amin. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 08/27/08 05:05PM >>> Assallamualaikum, Hayu urang sasarengan Setting Niat, Upgrade Iman, Install Taqwa, Download Sabar, Upload Ikhlas, Delete Dosa, Approve Maaf, sareng Search Akhlakul Karimah, supados tiasa Login nu khusyu sareng Connected ka Allah, sareng kahadean ka Sasama.. Mudah mudahan urang kenging hak Administrator dina waktos Signup ka Bulan Ramadhan, nu akhirna Hate janten Cleaning sareng Refresh dina waktos Idul Fitri dongkap. Ayeuna Ramadhan bakal kasorang, kalayan hate nu ikhlas, simkuring neda sih hapunten tina sagala kasalahan pon kahilapan nu dihaja atanapi nu teu dihaja, mugia urang tiasa ngalaksanakeun Ibadah Puasa kalayan Hate nu wening disarengan niat nu Tulus Ikhlas lillahi Ta'ala... Amin ------------------------------------------------- Tito Suryana Account Representative - SBB Tlp. : 031 5350510 Flexi : 031 70951507 HP. 08123548519

