Wa'alaikumsalaam w. w.

Aaamiiin...

Bilih bae salami pagiling-gisik di milis aya kekecapan atawa tulisan
simkuring anu dugi ka ngaraheutan manah, rumasa sok asal pok, kurang
titimbangan. Ku kituna simkuring neda pangapunten ka sakur wargi, boh nu teu
acan pendak, komo nu kantos. Kahayang mah pas unggah ka sasih saum teh
kasalahan ka sasama geus dilubarkeun, ngarah hampang karasana...

Hatur nuhun, wilujeng mapag saum. Muga-muga nalika engke saum dipungkas,
urang tiasa jadi jalma anu leuwih punjul lahir jeung batinna dina katakwaan.
Aamiin.

On Wed, Aug 27, 2008 at 5:05 PM, Tito Suryana wrote:

>    Assallamualaikum,
>
> Hayu urang sasarengan Setting Niat, Upgrade Iman, Install Taqwa, Download
> Sabar, Upload Ikhlas, Delete Dosa, Approve Maaf, sareng Search Akhlakul
> Karimah, supados tiasa Login nu khusyu sareng  Connected ka Allah, sareng
> kahadean ka Sasama..
>
> Mudah mudahan urang kenging hak Administrator dina waktos Signup ka Bulan
> Ramadhan, nu akhirna Hate janten Cleaning sareng Refresh dina waktos  Idul
> Fitri dongkap.
>
> Ayeuna Ramadhan bakal kasorang, kalayan hate nu ikhlas, simkuring neda sih
> hapunten tina sagala kasalahan pon kahilapan nu dihaja atanapi nu teu
> dihaja, mugia urang tiasa ngalaksanakeun Ibadah Puasa kalayan  Hate nu
> wening disarengan niat nu Tulus Ikhlas lillahi Ta'ala... Amin
>

















-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke