Kuring gabung jeung KusNet, mun teu salah, ti taun 2004.
Sanggeus sakitu taun sagulung sagalang jeung jalma-jalma anu ngomong sunda
di KusNet, tangtu geus loba hal anu dialaman.Timimiti pasea di milis,
kopdar,  buka bersama, HBH, jeung rea-rea deui.
Anu sakabehna eta teh dilakukeun dina raraga "reueus ku kasundaan", mirosea
(peduli) ka kasundaan, jeung bla..bla...bla... sunda/kasundaan. :)

Lamun ceuk kuring puncak penyaluran sumanget bla..bla...bla..
sunda/kasundaan teh nyaeta acara HBH. tapi taun ayeuna sigana moal aya :( .

naha?
naha aktifis 'bla..bla...bla.. sunda/kasundaan' teh geus areuweuh kitu,
atawa beakeun tanaga?

cing ?

Kirim email ke