Mangga, bilih bade HBH di rorompok sim kuring, kalintang bagjana tur dibageakeun pisan. Mung nyakitu ari disebat "imah" teh kawatesanan ku sagala rupina, tapi ulah janten alit manah, bilih barudak ngora nu barujangan mah upami bade ngawengi urang ngampar we dina samak saheulay, ngagoler patunjang-tunjang (biasana sawengi memeh prung HBH). Atuh bilih bade bari maca buku Sunda eta ge aya, buku Sunda tamba kawaranan, ari seueur mah da henteu, aya kana 2000 judul mah. Buku sanes ge aya, utamina ka anu resep buku budaya. Mangga diantos wartos salajengna.
MSas blog : http://rumahbacabukusunda.blogspot.com ----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Wednesday, August 27, 2008 12:15 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Iraha aya kempel-kempel anggota Kusnet? Wilujeng saum kasadayana kang Jaja, biasana KUSnet sok ngayakeun halal bi halal (HBH) dua minggaun saatos lebaran. taun kamari di bumi pramuka kiara payung jatinangor. ayeuna duka bade dimana, pantiana masih sibuk lieur. heuheu. nu gaduh hajatna Apih Siddik ti Seoul. taun ayeuna duka yeuh. HBH teh silaturahmi, sasalaman, ulah dihese-hese, ulah hayang loba kamonesan, ari pibanggaheun jeung matak lieur ngurusna mah. komo mun tungtungna hura-hura mah, mending danana, papatungan, kumpulkeukn pikeun nulung nu butuh, nalang nu susah. make it simple we cek batur mah. tapi upami bade kumpul-kumpul mah aya tempat di Bandung, di Rumah Baca Buku Sunda, Ua Sasmita, Margawangi 7 no 5 Margacinta, Buah Batu Bandung. On 8/26/08, jaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kanggo sadaya baraya KUSnet, sigana pami urang ngayakeun kempel-kempel sae > pisan tah kanggo ningkatkeun tatali kakaluargaan urang sunda. Kumaha tah > kinten2 kanggo para kuncen KUSnet... > > Sakedap deui urang bade lebet ka sasih nu diantos-antos nyaeta sasih saum. > Abdi sakulawarga nyusunkeun dihapunten bilih aya carioasan nu nyinggung > atanapi teu sapagodos sareng anggota Kusnet. > Wilujeng saum kasadayana. > > Salam baktos,... > > Kang Jaja > > > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

