Knag punteun bade tumaros ari rerehan karajaan silawangi tempat anu pastina di palihmana sabab simkuirng teu acan jentre ngenaan tempat karajaan pajajaran teuh..................nga saukur ceuk beja tapi can aya nu jelas wassalam
--- On Wed, 8/27/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] Ngangkat kajayaan karajaan Pajajaran keur contoh pamimpin kahareup To: [email protected] Date: Wednesday, August 27, 2008, 6:08 PM jaja wrote: Program Gerbang Pasundang di tahun 2008-2009, diantarana, ngajalin hubungan jeung naon wae komunitas urang sunda, sapretos Paguyuban Pasundan, KUSnet, jeung sajabana. program nu sanesna, masing-masing komunitas ieu kedah tiasa ngabuka pikiran urang sunda di wilayah masing-masing ngarah hudang yen urang sunda kudu leuwih maju, leuwih wani, jeung aya nu dirojong keur calon pamimpin di Indonesia pi kahareupeun. Mun kaudag calon pamimpin Indonesia di pasundan urang munculkeun ayeuna keur nyanghareupan Pamilu 2009, tapi mun can kaburu, urang siapkeun keur pamilu 2014. (sumber Gerbangpasundan. com) __ tah hade pisan paniatan teh, muga bae kacumponan. ngahaja di luhur ieu aya kecap-kecap nu dikandelan, maksud teh bener-bener urang buka pikiran urang teh, naon anu dimaksud. memang bener sok kacaritakeun urang sunda teh babarian [pundungan], teu bisa narima kaleuwihan batur, anu tungtungna nimbulkeun sikap apatis. malah nu leuwih parah, mosisikeun jadi oposan. indikasina ngaluarkeun sindiran-sindiran mosisikeun kapihakanana ka pihak nu nyerang ka inohong nu jadi sainganana. atuh kitu deui sabalikna, inohong nu jadi jawara eta oge tara ieuh ngaraneh "dulur'-na pikeun maju babarengan. malah sigana teh kapongahan bae nu aya, ieu kuring nu jadi jawara. contona bae: bang ali [kunaon sanes kang ali?], amir mahmud, umar wirahadikusuma, muchtar kusumadinata, ginanjar kartasasmita, asana teh sosoranganana bae majuna teh, teu palayeun disarengan? duka ketah..! tah, cek pamikiran kuring mah, panyakit eta teh tos oge nular ka urang oge. buktina? cobi perhatoskeun postingan milis urang ieu. karakteristikna teh tipikal, pami aya hal nu teu sapagodos jeung diri, sanes nempas ku argumentasi nu tepat, ieu mah kalah "nyindir" ku hal nu lain-lain deui. pami hal ieu teras narekab, kumaha urang rek bisa majuna. padahal sarat urang bisa maju teh kudu bisa ngaleungitkeun "panyakit" eta. sabab pasipatan kitu teh teu pisan saluyu sareng ajaran islam nu endah. ajaran urang mah kudu silih elingan kalayan pinuh ku kaasih. sabab pami hal ieu bisa cumpon, cek istilah kerenna mah "barokah", insya allah, allah oge ngabantu ka urng pikeun ngahontal tujuan eta. sok ah, urang kawitan ti diri urang masing-masing, kawit hal nu cetek, jeung ti kawit ayeuna keneh!

