Panuju pisan Ki Eman, jaman bareto memang waas pikeun urang sadayana 
masing bari sewang2an oge. Maklum bae kapan bareto tea mah alam oge 
masih beresih, jaba lingkungan oge kapan masih matak tiis cepil 
herang mata tea. Sok atuh dongengkeun kumaha endah ngojay di Cibarani 
tea. Engke abah oge hoyong ngawangkong kuma nikmatna ngojay di 
susukan kali Cideng bari nyiukan lauk tampele. Ngan orokaya kitu 
balik kaimah sok digebugan ku pun bapa, anu cenah melangeun tea. 
Etang2 bari ngabuburit weh nya Ki. Wassalam wanoh ka abah Eman. 
Alhamdulillah. Pada2 eman (enak nyaman)urang teh di sapapada kolot 
ning.

--- In [email protected], Eman Sulaeman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> mani waas ari ngemutan jaman baheula teh, nya ngalamun basa keur 
budak keneh
> tahun 1960 nya di cibarani babakan siliwangi teh kuring sok ngojay.
> caina masih keneh bersih da aya tambak leutik anu ku barudak nya 
kuring jeung 
> babaturan pake sosorodotan.
> lamun tos kolot siga kuring kieu lian ti waas mah sareng ngalamun
 ....bandung teh endah....
> 
> wass kasadaya....eman
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Sie sind Spam leid? Yahoo! Mail verfügt über einen herausragenden 
Schutz gegen Massenmails. 
> http://mail.yahoo.com
>


Kirim email ke