Tanda Iteuk
Sampurasun,kuring
wawakil ti Sancang Pakulonan,
kapancenan
nalingakeun ieu manusa nu nyiarkeun kaislaman,
nulungan jalma
nu keur butuh dibantuan,
utamana mawa
jalma ningkatkeun kaimanan.
Kuring mikeun
Iteuk ka ieu jalma,
jang tanda
nyanghareup mangsa nu geus lawas katunda,
muka deui
dayeuh nu jiga geus euweuh dikieuna,
babarengan
jeung nu duaan deui nu sarua geus dibere tanda.

