Ari sugan teh ngan urang Sunda wungkul anu ngartoseun kana kecap Ngabuburit tapi kualatan ayana media informasi anu kasebat TV sareng sanesna, antukna ieu kecap ngabuburit teh bisa kahartieun jeung sok diucapkeun dina basa sapopoe ku suku sanesna, nya utamana dina mangsa sasih siam. Aya rarasaan aneh pacampur jeung senang nalika hiji babaturan kuring nganjang ka saung butut nu dianjrekan ku kuring , manehna ujug-ujug nyerengeh pajarkeun teh anjeuna jeung budakna keur ngabuburit, ngahaja ngalanto ka tempat kuring bari ngobrolkeun urusan pameran, bari ngucapkeun ngabuburitna teh teu kagok, da jigana mah hartina tos kateuleuman... tah kadang waasna mangsa katukang dina ngeusian waktu dina sasih siam teh di mana wae sanusantara tos katampi ku istilah ngabuburit, hiji aktivitas mangfaat pikeun ngeusian waktu nungguan pasosonten, ngantosan waktosna buka puasa...
salam, -- Ema Sujalma

