Assalamu'alaikum wr.wb. Sampurasun
Asa resep, asa waas, asa kabayang di alam nyata, nu hog hog urusan udud. Jadi ateul hoyong komentar. Jujur ari simkuring mah tara udud. :-) Ceuk Mitoha simkuring kapungkur, nu udud teh boga 3 kauntungan : Kahiji, Samping/sarung anyar wae, da teu lila bolong kena roko, meser deui nu anyar, bolong deui, meser deui. :-) Kadua, Mun ka leuweung moal diudag maung, da maung mah sieun ka seuneu. Katilu, moal huisan rambutna, da can huisan tos maot.. :-) (nu ieu mah urusan Allah nya? :-)) Kanggo nu nyebat udud Makruh, mangga wae, nanging naon salahna dilenyepan, naon ari makruh ? sanes bade mapatahan nodong ka garong (nambut istilah Kang nDoell) iyeu mah, ngan pan Makruh teh hartosna DIBENDU (dihewaan, dibenci ceuk urang Endonesa mah). Cig bayangkeun mun pamajikan akang-akang sadaya nu aya di dieu bendu ka akang, jamotrot, jamedud, teu malire, cu ek, teu hayang nanya-nanya acan ka akang, komo deui ngalayanan mah, kumaha tah kira-kira parasaan akang? Kumaha tah tirisna mun peuting, kumaha tah mun keur aya hajat "mendesak"? Pan meureun akang-akang teh gutak gitek sorangan teu puguh rarasaan.teu puguh lalampahan. Sakitu karek dibendu ku pamajikan. ari ieu lian dibendu ku jalmi, oge dibendu ku gusti Allah jeung ku Kangjeng Rosul da makruh teh hukum agama, bade akang-akang dicuekkeun ku gusti Allah? Ridho teu dipalire ku gusti Allah? Bade dijamedudan ku Kangjeng Nabi?, Jadi, tina makruh na ge, kuduna mah kahartos meureun kedah dikumahakeun eta rokok. (nya diseungeut atuh.terus disedoot. ceuk nu udud tea. :-)) Kanggo nu nyebat roko haram teu aya quran jeung hadisna... Memang teu aya.!! nepi ka monyet jadi presiden ge da moal mendak atuh. Sanes roko haram hungkul nu teu aya quran hadisna, dalah roko makruh ge memang teu aya quran hadits na. Cig.. hadis mana nu nga-makruh keun roko... moal aya.. da jaman rosul mah can aya roko. Mun seug halal, haram, sunat, makruh, mubah ngan ngandelkeun quran jeung hadis secara leksikal hungkul, tangtuna pare hasil panen teu kudu mayar zakat, pasti topi miring, vodka, shoju, sake jsjb moal haram, pastina mayar zakat fitrah kudu ku korma atawa gandum, pastina nampiling/najong indung bapa teu haram. sabab eta sadaya teu aya na quran hadis na. Malah mah, Quran jeung Hadits ge aslina mah da henteu ngajirim siga kitab nu ayeuna ku urang sok dibaca. da kapungkur jaman Nabi mah Quran teh masih terserak dalam lembaran kulit, pelepah kurma, tulang unta jsjb. Cig, nu mendakan dalil naqly najong indung haram ka dieukeun. Mun teu aya Quran Hadis na, naha bisa panggih hukum vodka, shoju, sake jsjb haram ? Naha bisa mendak najong indung haram? Naha bet mayar zakat fitrah make beas ? jrrd. Eta sadayana teh teu leupas tina kaluasan sareng kaluwesan hukum Islam. Lahirna hiji hukum dina fiqh Islam, teu leupas tina praktek Istinbath hukum Islam nu dilakukeun ku para Mujtahid, saumpana Iman Syafi'I, Iman hanafi, Imam Malik, Imam Hanbali jsjb. Naon ari Istinbath, nyaeta suatu cara menyimpulkan hukum suatu hal berdasarkan dalil-dalilnya. Naon ari Dalil? Nyaeta suatu dasar pijakan yang dengannya suatu hukum ditetapkan. Naon wae jinisna ? Mun hoyong terang jinisna, kedah belajar Ilmu Istinbath hukum nu disebut Ushul Fiqh. Dina Ushul Fiqh iyeu dibahas cara-cara jeung proses lahirnya suatu hukum dalam fiqh Islam. Dasar Hukum suatu hukum dalam fiqh Islam, bisa jadi berupa ayat Al-Quran, bisa jadi Hadits shohih, bisa jadi Ijma, bisa jadi Qiyas, bisa jadi Ihtihsan, bisa jadi Masholihul Mursalah, bisa jadi Syaddu Adz-Dzara'I, jsbg. Contona najong indung/bapak, nu aya na Quran mah ngan ukur teu kenging nyebut "uff" (ahh/ihh) sareng ulah ngabentak. Ku para Mujtahid di Qiyaskeun ku Qiyas Aulawi, ku sabab persamaan "illat"na, kana perkataan "uff" jeung ngabentak tea. Illatna nyaeta nganyerikeun hate kolot. Nganyerikeun hate kolot ku "uff" wae haram, komo deui mun nganyerikeun nya hatena, nya ragana, maka lahir berdasarkan Qiyas tadi, yeun najong indung/bapak langkung kudu haramna, ti batan sakadar nyebut "uff". Kitu deui hukum haram vodka/shoju/sake, sami meunang hasil Qiyas ka Khamr, illatna nyaeta "memabukkan". Hapunten sakali deui yeuh... sanes bade mapatahan naek ka monyet... :-) Kumaha ari roko...? Kabur aah...! bisi aya nu najong manten... :-) Wassalamua'alaikum. Ahmad Sopiani Package Team R & D Group AV Factory LG Electronics Indonesia Block G MM 2100 Industrial Town Cikarang Barat - Bekasi 17520 West Java ~ Indonesia Mail : [EMAIL PROTECTED]

