Ti Bandung ka Linggarjati teh, paling ge 4 jam naek beus mah..
naek buroq mah boa sakiceup.
Tapi atuh sanajan ka Linggarjati teh butuh waktu mangbulan-bulan ge,
ari kuat ku niat mah pasti dijugjug.
Jaba jelma2 na oge loba nu geus maraot.
Meungpeung uing hirup keneh...
Jadi, Mang... iraha rek ka Linggarjati teh ?
Tong nungguan uing maot ... karek ka ditu..

Bah Eman, nepangkeung abdi Ndoell.
jeger-na kampung dukuh..Linggarjati.


-dul-


--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nyaeta hilap Bah. Taun 1974 ka pasarean pun aki teh, ti harita, pleng
> teu kaditu deui. Ke rek tataros ka kang Ndoel, anjeunna anu terangeun
> teh. Blog pancakaki abah tos dipariosan, teu acan mendak raratan pun
> aki sareng ka luhurna, ke manawi bade ditengetan deui.
> 
> manAR
> 
> On Tue, Sep 2, 2008 at 1:08 PM, Abah Eman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Alhamdulillah, haturan. Kutan, dupi tuang aki dikurebkeun di Ciwerak
> > atanapi Pindang Kerep? Pancakaki? Cobian atuh tingali http://
> > pancakaki.blogspot.com/ Manawi weh abah oge baraya ka Ki Oman. Mangga
> > aos kode A, B, C. Kodenasab abah A.2.7.1
> >
> > Nahan ngaroko? Tangtos tiasa upami bade wae mah. Heug dipangduakeun
> > ku abah anu masih nikmat ngudud. Hehe, ngudud mah sanes ngaroko.
> >
> > --- In [email protected], "oman abdurahman" <omanarah@>
> > wrote:
> >
> >>
> >> Haturan Abah,
> >>
> >> Kataji ku Linggarjati, pedah pusara pun aki ge di Linggarjati tos
> >> puluhan taun teu dilongok, ma'lum pareumeun obor. Nembe tos
> > ngajapri,
> >> minangka pancakaki sugan pareng tepung jeung wargi, cc kang Ndoel
> > anu
> >> keur usaha satekah polah nahan hayang ngaroko :). Wilujeng.
> >>
> >> manAR
> >>
> >> On Tue, Sep 2, 2008 at 11:12 AM, Abah Eman <emanrais@> wrote:
> >> > Waalaikumsalaam. Tah tah tah aya cep Heri geuningan. Hatur salam
> >> > tepang oge ti abah. Kuningannana palih mana? Pun bapa ti
> > Linggajati,
> >> > pun biang ti Jalaksana. Hehe, besan abah ti Cibalanarik,
> > Singaparna.
> >> >
> >> > --- In [email protected], "fathur_am" <heri.dentist@>
> >> > wrote:
> >> >
> >> >>
> >> >> Asslm.
> >> >> nepangkeun abdi heri, ayeuna domisili di kuningan, da pami asli
> > mah
> >> >> ti tasik.
> >> >> abdi bingah pisan ku ayana milis sunda ieu teh, atuh salam tepang
> >> > na
> >> >> wae ka akang, teteh, sareng saderek sadaya nu aya di ieu milis,
> >> > hatur
> >> >> nuhun.
> >> >>
> >> >
> >> >
> >>
> >
> >
>


Kirim email ke