Anging Gusti Nu Ngagaduhan Bener


Can
     tangtu kuring nepi,

can tangtu
anjeun nepi,

can tangtu
maranehna nepi,

can tangtu da
sagalana kumaha Gusti.

 

Can tangtu
kuring sagala bener,

can tangtu
anjeun sagala bener,

can tangtu
maranehna sagala bener,

can tangtu sabab
anging Gusti nu ngagaduhan bener.

 

Can tangtu
dayeuh bakal kapanggih,

can tangtu
geus cukup boga pamanggih,

mun teu
ngamimitian dayeuh moal kapanggih,

komo mun
angger teu narima kuring boga pamanggih.

 

Can tangtu si
angon tinekanan,

balik kanu
jadi wiwitan,

padahal geus
lila ditungguan,

mulangkeun
sakabeh panyesaan.

 

Can tangtu
nepi kana tujuan,

lamun teu daek
ngamimitian,

kalah ka hog
hag neangan kokocoran,

padahal ku
kuring geus pang mukakeun jalan.

 

Can tangtu
jalma sarua niatan,

nu matak si
angon susulumputan,

kalah pahibut
hayang terang-terangan,

kawas nu geus
nyaho naon nu bakal karandapan.

 

Can tangtu si
angon can ngamimitian,

mulungan nu
bakal jadi rebutan,

kalakay nu sok
ngadatangkeun sipat setan,

tutunggul nu
bakal ngabijilkeun kasarakahan.

 

Can tangtu
kuring opatan mawa kagorengan,

kuring opatan
nyumput dinu caang pasti aya alesan,

ngarah
pinanggih jeung nu jadi pamaksudan,

bari teu mawa kaributan.

 

Can tangtu kuring opatan meunang
bagean,

kajeun sawareh
geus aya dina implengan,

istuning ieu hak
aranjeun urang Pajajaran,

raja anjeun
nitipkeun ieu warisan.

Can tangtu…




      

Kirim email ke