MJ... sing enggal damang tuang putrana...!!
saur sepuh mah... rek pinter cenah budak teh... hehehe...

maenya rek pinter kudu udur heula... :D

-panzi-



> Geus dua peuting bagadang jeung ngadon ngendong di rumah sakit santo
> boromeus dago bdg. Lain hayang, ngan budak nu kadua gering jeung diopname
> di
> dinya, di rohangan husus pasen barudak. Ari geringna mah teu pira, utah
> bae
> sapopoe. Teu  aya nu bisa asup, susu, jrrd, asup sakeudeung, terus kaluar
> deui. Ku indungna gancang dibawa ka rs boromeus, bari ngabejaan si kuring
> di
> pangulinan. Celong budak teh, tapi ari panggih bapana mah angger hayang
> dipangku. Ngan rada hese ari mangku budak bari jeung nyekelan infusan mah.
> Paling ditunda dina tihang infusan, tihangan di gusur kaditu kadieu
> nuturkeun urang leumpang.
>
>
>
> Sihoreng keur usum. Da orok nu gigireun oge kitu cenah. Aya nu ber heula,
> aya nu mun heula. Si div2 mun heula, ayeuna ber. Masa inkubasi meureun.
> Mudah2an we tuluy cageur deui.
>
>
>
> ayeuna teh balik indit teh ka rumah sakit. Teu balik ka imah.. Mudah2an
> lain
> muntaber. Can daekeun barangdahar deuih. Budak teh 29 september rek jejeg
> dua taun. Wedalna ge di rs eta.  Ari panggih teh sok nyarita siga kolot,
> "eh...bapaa..." geus kitu, bapa...ap! bapa ap!" cenah. Maksudna menta
> dipangku.
>

Kirim email ke