Kang Nong... Diantos saha wawakil anu ti palih Wetan... nu tos aya...wakil ti palih Kaler, Kidul, Kulon... teras...anu opatan...ieu...lima sareng Kang Nong...bade...dikumahakeun...ieu nagara jeung rakyat...sareng nu di "anggap" pamingpin...anu keur mararingpin...anu remen dipopoyok... anu seueur diprotes....diojok-ojok...sareng dicarekkan...ku rakyat...asa taya bener dipigarawena...salaku wawakil rakyat... oge seuer nu di cuekeun...ku rahayat...rahayat ka mana leumpang..pamingpin... sibuk...ngurus jalanna masing-masing...(nu ngarasa gawe pikeun kapentingan rakyat...balarea saurna...)... Naha kedah ngantosan...hiji sosok jalmi...nu moal lami oge muncul....(atanapi parantos muncul, tapi nyumput dinu caang...?) supados...lungsur langsar...tong aya pahibut...di ditu di dieu....memang...kedah nerapkeun...kawijaksanaan...anu taya babanding...ku nyaah...na...ka umat Alloh sadaya... angger we nu salah...diantosan...sumping kasadaran kana dirina... Mugi kersaning...Nu Maha Kawasa Gusti Nu Ngagaduhan Bener...urang sadaya...tiasa mayunan...sasih shaum..bari ngajalankeun...aktipitas...urang sadidinten...kanggo ningkatkeun...Luar Dalam, Lahir Batin...urang sadaya...Amin. baktos,
----- Pesan Asli ---- Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: urangsunda <[email protected]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[EMAIL PROTECTED]> Terkirim: Selasa, 2 September, 2008 16:49:48 Topik: [Urang Sunda] (Serat :34)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Anging Gusti Nu Ngagaduhan Bener. Anging Gusti Nu Ngagaduhan Bener * Can tangtu kuring nepi, can tangtu anjeun nepi, can tangtu maranehna nepi, can tangtu da sagalana kumaha Gusti. Can tangtu kuring sagala bener, can tangtu anjeun sagala bener, can tangtu maranehna sagala bener, can tangtu sabab anging Gusti nu ngagaduhan bener. Can tangtu dayeuh bakal kapanggih, can tangtu geus cukup boga pamanggih, mun teu ngamimitian dayeuh moal kapanggih, komo mun angger teu narima kuring boga pamanggih. Can tangtu si angon tinekanan, balik kanu jadi wiwitan, padahal geus lila ditungguan, mulangkeun sakabeh panyesaan. Can tangtu nepi kana tujuan, lamun teu daek ngamimitian, kalah ka hog hag neangan kokocoran, padahal ku kuring geus pang mukakeun jalan. Can tangtu jalma sarua niatan, nu matak si angon susulumputan, kalah pahibut hayang terang-terangan, kawas nu geus nyaho naon nu bakal karandapan. Can tangtu si angon can ngamimitian, mulungan nu bakal jadi rebutan, kalakay nu sok ngadatangkeun sipat setan, tutunggul nu bakal ngabijilkeun kasarakahan. Can tangtu kuring opatan mawa kagorengan, kuring opatan nyumput dinu caang pasti aya alesan, ngarah pinanggih jeung nu jadi pamaksudan, bari teu mawa kaributan. Can tangtu kuring opatan meunang bagean, kajeun sawareh geus aya dina implengan, istuning ieu hak aranjeun urang Pajajaran, raja anjeun nitipkeun ieu warisan. Can tangtu… ___________________________________________________________________________ Dapatkan nama yang Anda sukai! Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

