Hehe dasar ambu. Isuk2 bet nyarap tayangan RCTI ngeunaan panganten
anyar di Purwokerto. Eta lah pangantenputri yuswa 68 taun, nikah deui
anu kaopat kalina, ka pangantenputra anu yuswana 72 taun.
"Atuh abah, naha diyuswa 72 masih tiasa ngalip kituh?" Maur ambu.
"Huss ari ambu, kapan kunikahna wae komo di sasih Ramadhan tangtos
seueur alaeun di ladang ibadah. Atuh diyuswa kitu mah urang kedah
ngamaklum yen tanaga geus suda moal rosa cara nonoman ieuh."
"Iya sih bah, kapan rarangdaan jeung dududaan tea teu sirikna matak
loba fitnahna. Kapan ayeuna mah panganten tea tangtos tenang jiwana
tingtrim jiwana tur pada2 tumaninah ibadahna." Unggeuk ambu.
"Mangkanya ambu. Tapi tong salah, kakapeungan sanajan aki2 7 mulud
weh sok perkasa deui di ranjang panganten mah. Lamun henteu nya
panginten tangtos kagungan rizki silih usapan. Manaboa matak silih
gegel. Asal eta weh ulah rosa teuing ari ngagegel tea. Bisi error."
"Hih siabah mah. Matak error kumaha tateh??"
"Hih ari siambu. Kapan lamun ngagegel sataker kebek tea. Sanajan teu
matak nyeri tapi getek oge, kapan rarangken waos tiasa copot."
"Hehe, nya atuh matakan reumbay cisoca. Tos ah abah, tos bade tabuh
7. Ambu bade ngantor heula." Laju bae siambu lungsur ka teoh bari
mintonkeun imbit anu gitekna masih lir hitar sepanyol tea.