Assalamualaikum. Abah sarimbit ngiring pihatin ka Ki Jamal. Naha masih emuh ASI atanapi susu formula? Nyaeta lah ari urang mah sok palaur kana bewara perkawis susu formula anu itu boh ieu. Padahal anu namina panyawat mah tiasa kumaboa bae. Panyuhun kaula, salira sarimbit sing shabar tur ikhlas, jantenkeun musibah ieu pangeling ti MantenNA keur ningkatkeun ibadah naon wae. Kapan bakal ginanjar 70x. Abah oge gaduh incu, Gaby anu nembe 2 th 3 bln. Mani calembeng, sapertos putrana Ni Betty Sopandy. Kumelang, abah tos ngabewarakeun ka ibu ramana, masing tarapti sabisana ngajaga budak. Wassalam.
--- In [email protected], Betty Sopandy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Aduh, ngiring prihatin mang .. > à> Kaleresan .. pun anak oge kaping 9 sept teh jejeg 2 taun.ànuju sesedengna sagala disebut, ditaroskeun. > Sing enggal damang. > > àBest Regard > > Eti > user name : zildjian, indra_ghani > > > > ----- Pesan Asli ---- > Dari: mj <[EMAIL PROTECTED]> > Kepada: [email protected] > Terkirim: Rabu, 3 September, 2008 15:20:02 > Topik: [Urang Sunda] bagadang di boromeus > > > Geus dua peuting bagadang jeung ngadon ngendong di rumah sakit santo boromeus dago bdg. Lain hayang, ngan budak nu kadua gering jeung diopname di dinya, di rohangan husus pasen barudak. Ari geringna mah teu pira, utah bae sapopoe. Teu àaya nu bisa asup, susu, jrrd, asup sakeudeung, terus kaluar deui. Ku indungna gancang dibawa ka rs boromeus, bari ngabejaan si kuring di pangulinan. Celong budak teh, tapi ari panggih bapana mah angger hayang dipangku.. Ngan rada hese ari mangku budak bari jeung nyekelan infusan mah. Paling ditunda dina tihang infusan, tihangan di gusur kaditu kadieu nuturkeun urang leumpang. > à> Sihoreng keur usum. Da orok nu gigireun oge kitu cenah. Aya nu ber heula, aya nu mun heula. Si div2 mun heula, ayeuna ber. Masa inkubasi meureun. Mudah2an we tuluy cageur deui. > à> ayeuna teh balik indit teh ka rumah sakit. Teu balik ka imah.. Mudah2an lain muntaber. Can daekeun barangdahar deuih. Budak teh 29 september rek jejeg dua taun. Wedalna ge di rs eta. àAri panggih teh sok nyarita siga kolot, ââ¬ï¿½eh....bapaa.. .ââ¬ï¿½ geus kitu, bapa...ap! bapa ap!ââ¬ï¿½ cenah. Maksudna menta dipangku. > à> à> à> > > ___________________________________________________________________________ > Dapatkan nama yang Anda sukai! > Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com. > http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/ >

