Ah, eta mah akal-akalan pangusaha rokok wae. Cek kuring mah lamun rokok
diharamkeun, nya petani tembakauna ulah melak tembakau ganti we kunu sejen.
Sayur-2an jeung buah-2an oge da masih keneh kurang supply-na. Malah masih
keneh loba nu import...!
Kuring mah hayang ukur share ngeunaan rejeki teh...!!! Pan manusa mah
dipasihan akal ku gusti Allah, jeung deui kadaharanan oge macem-macem alias
sagala BESS. Piraku karek rokok rek diharamkeun, hariwang teu manggih
dahar...???? Aneh nya....! Coba urang renungkeun Cak-cak. Cak-cak
kadaharanana reungit nu boga jang-jang. Tapi cak-cak tara pernah protes ka
gusti Allah kunaon manehna teu boga jang-jang pan...?
Hayu urang ayeuna mah babarengan neangan solusi supaya rokok jeung bahaya na
teh ulah nalikung teuing ummat Islam. Kuring mah aya pirasat, jigana mah rokok
teh hiji alat bangsa deungun keur ngalemahkeun urang Islam di Indonesia. Da
coba wae di nagara-nagara maju mah rokok teh teu sagawayah dijual na oge,
padahal nagarana teh kan lain Islam. Ari di urang atuh ku naon ongkoh ummat
Islamna loba tapi embung dihukuman secara Islami...?? Nu goreng mah lain
Islam-na, tapi makhlukna embung dihukuman ku Islam kusabab kuatna godaan syetan.
___________________________________________________________________________
Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga.
http://id.toolbar.yahoo.com/