Jiga kalangkang duh keur waktu pajar
Di beulah wetan tuh hurung gumebyar
Nyebar mencar sinar puyar
Gelar nyumponan takajar
Rek nyuaykeun, nu ngadingding
Indung peuting lir pipinding
Ngahiliwir ngadalingding
Bray beurang alam sinangling
 
Pajar geus puyar duh ganti ku beurang
Angin panggeuing lir nitah tatandang
Ngangkat ajen jeung komara
Harkat darajat Ki Sunda
Kasenian kabudayan titilar rasa kasundan
Rasa lahir rasa batin
Wawakil jisim sumalim
 
Sabilulungan duh Putra Pasundan
Ngagarap seni jeung kabudayaan
Rampak sekar sauyunan
Ngawujud sekar gendingan
Kawih sedih nu kasmaran
Sorana ombak ombakan
Ngahaleuang lir nalangsa
Hayang diraksa diwejang 
--- On Thu, 9/4/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] (Serat: 39)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Prak Geura Narindak !
To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL 
PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Thursday, September 4, 2008, 11:01 AM











Prak Geura Narindak
 

Kudu reueus jadi urang Sunda,
kudu ngariksa kanu budaya sunda,
kudu teu era nunjukeun yen diri urang Sunda,
kudu ngahargaan ka sakabeh tuturus Sunda,
kudu ngalengkah didasaran agama,
kudu ngajaga supaya teu leungit ciri Sunda,
ciri na diri jeung ciri dina laku lampah sagalana,
InsyaAllah moal bakal leungit ieu Sunda. 
 
Ulah hayang ganti baju jadi batur,
kudu nyaah ka batur salembur,
kudu ngarasa sasama Sunda teh dulur. 
InsyaAllah urang bakal bareng nanjeurkeun deui Sunda bari akur. 
 
Prak geura narindak,
ulah kalah silih sentak,
ulah murungkut jiga landak,
istuning bagjaning ati bakal kapendak.
 














      

Kirim email ke