Assalamualaikum wr wb, puguh Al'quran jeung hadits mah jadi cecekelan umat 
Islam, puguh Al Quran anu ayeuna mah geus pasti otentik ti jaman kanjeng Nabi 
(geus teu diragukeun), perkawis Al Hadits lain deui, kusabab aya hadits palsu, 
hadits shoheh, jrrs, kukituna aya elmu elmu khusus anu kudu dipelajari sapertos 
nahwu, sorof, jrrd. Geus ngarti elmu alat (nahwu, sorof, jrrd) can cukup, kudu 
ngarti tarikh nabi, pokona loba deui anu teu gampang, tah dina diajar elmu-elmu 
eta teu bisa diajar sorangan, da urang mah sanes kanjeng nabi, kudu aya guru, 
ustad, ajengan anu ngabimbing, tujuanna supados ulah sasar, tah dina diajar ka 
guru eta, teu mustahil pisan aya perbedaan pendapat, contona Imam Syafei, 
Hambali, Hanafi, oge aya khilafiah (perbedaan), tapi diantara 4 Imam eta teu 
aya istilah ngapirkeun/sasarkeun salah sahiji diantawisna, oge dina jaman 
sahabat saparantos kanjeng Nabi pupus, contona bae dina mangsa kanjeng Nabi 
pupus, syadina Abu Bakar anu janten
 khalifah, hal ieu teu sapagosos jeung Syaidina Ali, tapi boh Syadina Ali jeung 
Abubakar teu saling ngapirkeun atanapi nyasarkeun, cindekna keur nurunkeun hiji 
hujjah teu gampang, moal cekap ku hiji dua dalil hungkul, kitu oge keur 
nangtukeun hiji perkara bid'ah, sasar, kapir, moal cekap 1 jam atanapi 2 jam, 
komo make rujukan artikel, kitab, anu teu puguh asal usulna, komo deui make 
tulisan latin, sababna aya tata bahasa arab anu teu aya dina bahasa indonesia, 
jadi bisa oge jadi salah tafsir, contona kata ganti dina basa arab aya ana, 
anta, nahnu, huma, hiya, jrrd, tah lamun dina basa indonesia kata ganti katilu 
rek awewe, lalaki, sareua bae dia, manehna, tapi dina arab mah lain 
deui. Kiwari loba jalma wani wani mere hujjah cenah "ceuk nabi", padahal 
manehna oge teu ngalaman kapanggih Nabi, atanapi anu kitu mah "euweuh tina 
Islam", padahal manehna teu hafidz Al quran komo deui ngarti tafsir, hadits oge 
teu apal kabeh, kitu oge kenging tina artikel
 atanapi ti ustadna, jadi ceuk kuring mah sompral pisan jalma siga kitu teh, 
kuring mah leuwih ngahargaan ka jalma anu nyebutkeun, kieu "dina satungtung anu 
kuring nyaho"......, da geus jadi sipat jalma kabeh oge doif..... Eta dina 
perkawis hukum tata cara ibadah, jadi teu bisa sagawayah wae nangtukeun 
halal/haram, beda deui lamun aya kajadian boh ajengan, ustad, atanapi jalma 
bisa, anu "pitnah","hasud" komo ka sasama muslim, eta mah geus sapuk hukumna, 
naon eta hukumna ?.
Kang Sumarna, teu acan ngabejerbeaskeun perkawis ahmadiyah anu dipayun 
disposting ku abdi, cindekna kuduna  umat islam instropeksi ulah ngadekeun 
teuing khilafiah anu teu puguh juntrungna, beda deui lamun aya jalma ngaku Nabi 
duei jaman kiwari eta mah sapuk salah 100%
- On Thu, 9/4/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Umat Islam di pecah belah ?
To: [email protected]
Date: Thursday, September 4, 2008, 7:58 AM








"Aku wasiatkan padamu agar engkau bertakwa kepada Allah, patuh dan ta'at, 
sekalipun yang memerintahmu seorang budak Habsyi. Sebab barangsiapa hidup 
(lama) di antara kamu tentu akan menyaksikan perselisihan yang banyak. Karena 
itu, berpegang teguhlah pada sunnahku dan sunnah khulafa'ur rasyidin yang 
(mereka itu) mendapat petunjuk. Pegang teguhlah ia sekuat-kuatnya. Dan 
hati-hatilah terhadap setiap perkara yang diada-adakan, karena semua perkara 
yang diada-adakan itu adalah bid'ah, sedang setiap bid'ah adalah sesat (dan 
setiap yang sesat tempatnya di dalam Neraka)." (HR. Nasa'i dan At-Tirmidzi, ia 
berkata hadits hasan shahih).
"Ketahuilah, sesungguhnya orang-orang sebelum kamu dari ahli kitab telah 
berpecah belah menjadi tujuh puluh dua golongan. Dan sesungguhnya agama ini 
(Islam) akan berpecah belah menjadi tujuh puluh tiga golongan, tujuh puluh dua 
golongan tem-patnya di dalam Neraka dan satu golongan di dalam Surga, yaitu 
al-jama'ah." (HR. Ahmad dan yang lain. Al-Hafidh menggolongkannya hadits hasan)
 Ibnu Mas'ud meriwayatkan:"Rasulullah membuat garis dengan tangannya lalu 
bersabda,'Ini jalan Allah yang lurus.' Lalu beliau membuat garis-garis di kanan 
kirinya, kemudian bersabda, 'Ini adalah jalan-jalan yang sesat tak satu pun 
dari jalan-jalan ini kecuali di dalamnya terdapat setan yang menyeru kepadanya. 
Selanjutnya beliau membaca firman Allah , 'Dan bahwa (yang Kami perintahkan 
ini) adalah jalanKu yang lurus maka ikutilah dia janganlah kamu mengikuti 
jalan-jalan (yang lain) karena jalan-jalan itu menceraiberaikan kamu dari 
jalanNya. Yang demikian itu diperintahkan oleh Allah kepadamu agar kamu 
bertakwa." (Al-An'am: 153) (Hadits shahih riwayat Ahmad dan Nasa'i)
 
Kang Gun, oge baraya sadayana, paragraf di luhur terjemah ti hadits Rosululloh, 
jadi lain ucapan jalma biasa, kulantaran eta ucapan Rosululloh wajib urang iman 
kanu naon wae ucapana Rosululloh. Hadits Rosululloh lain ucapan Rosululloh nu 
nurutkeun hawa nafsuna, tapi mangrupakeun dawuhan Alloh nu di tepikan ka umat 
manusa ngaliwatan lisan Rosululloh. 
Kulantaran eta geus jadi sunnatulloh yen umat Islam bakal pecah belah. Kunaon 
Umat Islam pecah belah ? Lantaran jauh ti elmu, Ali Rodiallohuanhu kungsi 
nyarita yen lamun agama ieu didasarkeun kana akal tangtu wudhu pas make khuf 
teh nu diusap handapna lain luhurna sakumaha hadits Rosululloh.  Agama Islam 
sabenerna agama anu ilmiah, Islam kudu dilarapkan dumasar kana Qur'an, hadits 
jeung atsar para sahabat make pemahaman tilu generasi awal Islam. Jadi sual 
ngabid'ahkeun, ngafirkeun batur teu sagawayah tapi kudu make dasar nyaeta 
Qur'an, hadits jeung atsar para sahabat. Sabab mun teu make dasar eta tuduhan 
bakal balik ka diri anu nuduhkeun. Terus naon tujuan nyebut batur bid'ah, 
kafir, sesat ? Tujuanana tangtu pikeun ngelingan, pan urang teh kudu silih asah 
silih asuh lin ? Lamun aya nu teu saluyu jeung Al Qur'an jeung As Sunnah 
mangrupakeun kawajiban pikeun ngelingan, sakumaha hadits di handap, Lain dina 
tujuan pacengkadan atawa memecah belah umat.
 Justru anu nyababkeun Islam pecah belah nya anu teu ngalarapkeun Al Qur'an 
jeung As Sunnah. Lamun urang ngalakukeun hiji amalan terus aya batur anu 
nyebutkeun bid'ah, tangtu urang kudu bisa ngabuktikeun sacara ilmiah yen urang 
henteu bid'ah kucara nyebutkeun dalil anu shohih (AL Qur'an jeung As Sunnah) 
sabab hukum asal ibadah nyaeta haram kecuali aya contona ti Rosululloh.
Rasulullah bersabda, "Senantiasa ada sekelompok dari umatku yang memperjuangkan 
kebenaran, tidak membahayakan mereka orang yang menghina-kan mereka, sehingga 
datang keputusan Allah." (HR. Muslim)
"Dan berpeganglah kamu semuanya kepada tali (agama) Allah dan janganlah kamu 
bercerai-berai. " (Ali Imran: 103)
"Dan janganlah kamu termasuk orang-orang yang mempersekutukan Allah. Yaitu 
orang-orang yang memecah belah agama mereka dan mereka menjadi beberapa 
golongan. Tiap-tiap golongan merasa bangga dengan apa yang ada pada golongan 
mereka." (Ar-Ruum: 31-32)
 
 

Posted by: "Gunawan Yusuf Miarsadireja" gunawan_yusuf@ yahoo.com   
gunawan_yusuf 
Wed Sep 3, 2008 6:14 pm (PDT) 
jalma taraweh 23 rakaat disebut bid'ah, sasar, jst, shalat subuh make qunut 
disebut bid'ah, sasar, jrrd, jalma teu shalat teu dimasalahkeun, saeutik eutik 
bud'ah bid'ah, kuduna dina kasus "Ahmadiyah" umat Islam kudu instropeksi diri, 
konflik suni - syiah geus ratusan taun, konflik aliran wahabi jeung islam 
tradisional geus loba nu jadi korban alias maot, puguh umat islam pecah belah, 
padahal boh aliran sunni, syiah, wahabi, islam tradisional, sakabeh ngaku yen 
Kanjeng Nabi Muhammad nabi akhir jaman, teu aya nabi deui saatosna, kitab suci 
Al'quran anu jadi cecekelan sarua, kumaha eta ahmadiyah ?, karaos teu ayeuna 
umat Islam keur dipecah belah, Umat Islam loba tapi kunaon teu bisa ngalawan 
Israel anu nagara leutik ?, umat Islam loba kunanon muslim bosnia dibantai, teu 
aya anu nulung ?, di mianmar aya Rohingnia, di Pilipina aya Moro, di cina aya 
Xinjiang, jrrd........ ....
 














      

Kirim email ke