Buka Puasa ku Haseup

"Kirii-kiriiii....!" Teu lila jrut, hiji panumpang awewe turun di parapatan. 
Eusi angkot kari tiluan. Supir di hareup sorangan. Di beh tukang, kuring diuk 
nyempod di pojok, di hareupeun beh ditu saeutik, diuk hiji lalaki jiganamah 
sahandapeun kuring.

Teu lila, ngong Adzan Magrib. Alhamdulillah* geus nepi kana waktuna buka.
Kuring muka kempis eusi cai herang nu dibekel ti kantor. Ngahaja mawa kempis 
kosong ti imah paragi kaburitan di jalan, maklum atuh da imah kuring mah ayana 
di alak paul * jauh mela-melu ti puseur kota Bandung. Mun meuli di jalan, moal 
enya unggal poe teuing mah?* olok! Ayeuna tea keur meujeuhna usum paceklik 
sagala nararaek* heheh. 

Kunyam kunyem maca heula du'a samemeh buka. Lek*lek*lek* cai herang beak 
satengahna. Alhamdulillah karasa tiis ngageleser maseuhan tikoro. Nyaan cai 
herang teh asa ku nikmat-nikmat teuing...jaba euweuh cucukan deuih?... (lauk 
meureun! heheh). Kuring ngareret ka lalaki nu di hareupeun. Manehna kudak kodok 
kanu saku jaket kulit hideung nu dipakena. Pikir kuring, pasti rek buka oge. 
Cing naon nu dikodokan teh? Es bon-bon/ permen kitu? Da ari rek nginum mah asa 
teu katingali nyekelan sabangsaning wadah cai* naon atuh nya?

Ana gorehel teh* korek api jeung rokok sabatang! Alakh* 
Manehna ngareret ka kuring. Nya kitu deui kuring keur mencrong ka manehna. 
Langsung diukna ngised katukangeun supir, awakna dipuirkeun jadi nukangan 
kuring. Cekes-cekes nyundut rokok ku korek api. Diseuseup, diserbung-serbung* 
Ih, naon ngeunahna buka ku rokok?

Ujug-ujug kuring inget kana iklan dina TV, "Berbukalah dengan yang manis*" Teu 
engeuh kitu yen nu dihareupeunana teh manis? (hahahah*narsis teh ni beak karep 
kieu nya?) Keuheul atuh da! Daek teu daek kuring jadi ngilu "ngudud" pan? 
Sakapeung mah mun angkot keur meujeuhna pinuh, tega teu tega kuring sok nutupan 
irung ku tungtung tiung. Mun kitu mah pan manisna jadi leungit? Ganti jadi 
kurawed haseum!

Kuring langsung inget kana fatwa MUI ngeunaan roko nu keur jadi bahan hog-hag 
di Kusnet, kacipta mun nyaan jadi "barang haram" atuh buka puasa ku udud teh *

ro2
Punten ah, kanu sok nyesep*heheh.

Kirim email ke