Ah., Ahmadiyah mah geus puguh sasar bin tigubrus kana jurang kasesatan. Teu
kudu dibahas deui cek kuring mah, da Ahmadiyah mah golongan sasar tur
menyesatkan. Di sababaraha nagara nu ummat islam na loba mah geus puguh
dilarang aliran Ahmadiyah teh. Ari di urang mah, nya kulantaran pamarentahna
teu wani jeung loba teuing kasieun nya tungtungna mah ngabigeu wae. Nu matak
bangsa urang mah bakal jadi pengjejeleh bangsa deungeun wae.
Ahmadiyah teh pan dijieunna oge ku bangsa Penjajah Inggris harita di India
teh. Tujuanna sangkan ummat Islam nu di India ulah merangan Inggris. Cek
kuring mah kacida belegug bin bodona jalma-jalma nu keukeuh ngagem kana aliran
ahmadiyah teh.
Ari jalma-jalma nu keukeuh nyekel bae paham ahmadiyah, nya eta mah teu
langkung. Kawajiban salaku ummat Islam mah silih geuing jeung ingetkeun. Ari
nu diingetkeun jeung nu dibere nyahona mantangul nya moal dipaksa. Dina jaman
Abu Bakar, harita aya jalma nu ngaku-ngaku nabi nu ngaranna Musailamah Al
Kadzab. Ku maha Sikapna Abu Bakar, pan diperangan eta nabi palsu teh
saparantosna dibere peringatan heula sangkan balik deui kana Islam.
___________________________________________________________________________
Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang juga.
http://id.toolbar.yahoo.com/