Heheheh* bodor, kacipta dikucurkeun kana pameunteuna* Leres pisan Kang, sok bararingung abdi mah pami bade milampah kahadean teh, sieun kitu salah-kieu lain* antukna teu dipidamel. Ari ntosna teh sok hanjakal* Padahal mangpang-meungpeung sasih Ramadhan ngalap pahala (ih, ni pamrih nya...heheh) Waspaos kedah, tapi tong seueur suudzon, saur mama ajengan ge masihan tajil ka batur teh ageung pahalana, sami sareng nu saumna.
InsyaAllah manawi sanes waktos. Hatur nuhun piwurukna, salam, ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 09/08/08 12:16PM >>> nyaeta atuh neng, teu ngabibisani.. kumaha sesahna pami rek ngalampahkeun kahadean mah, teu siga kana kagorengan. ih sigana teh teu sirikna dijujurung. leres pami kongang mah,"bade ngabatalan? kersa kitu ieu, tilas?". bari dikucurkeun bae kana pameunteuna :-)) pami teu kersaeun mah teu sawios-wios, minimal urangna teu dosa, teu ngantep nu teu kawasa ngabatalan. [candak nu saena................]

