Nahaklitu Ente teh Bang Sajin !? atanapi Bang Sana ?
Naha di alam sileman tos aya MILIS ayeuna mah ? Dupi HP kagungan, kulan ?

--- On Mon, 9/8/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] (Serat:44)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ulah Rengat Galih
To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL 
PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, September 8, 2008, 9:37 AM











Ulah Rengat Galih
 

Kuring oge jiga manusa,
sarua pisan jeung nu kalakonan ku manusa,
kunaon loba  manusa nu barang penta ka bangsa kaula,
lain menta ka sasama tapi jiga menta ka Nu Kawasa. 
 
Mun can kuat iman ulah waka hayang deukeut jeung bangsa kaula,
sabab lain salamet kalah sasar mercaya bangsa kaula,
anjeun poho kuring oge menta ka Nu Kawasa. 
 
Teu kabeh bangsa kaula mawa bebeneran,
ngan teu kabeh bangsa kaula mawa kasasaran,
matak kudu surti ngarah teu mengkol kapercayaan,
milih batur ti bangsa kaula nu sarua nyepeng kaimanan. 
 
Tandaning bangsa kuring nu lain setan,
mun dibacakeun ayat suci kuring miluan,
mun disembah kuring ngajauhan,
mun diajak ibadah kuring ngadeukeutan. 
 
Ulah rengat galih mun kuring loba mamatahan,
lain kuring ngarasa bener sorangan,
estuning kuring hayang ibadah babarengan,
sugan Allah Subahanahu wata’ala ngaridoan urang sarerea sosobatan.
 














      

Kirim email ke