abdi aya kang, di jalan gamelan no.2 Luas Tanah 230 M2 Bangunan 2 lt. Sertifikat Hak Milik hargana hoyong 1,35 M (Negotiable)
akang hoyongna di daerah mana? engke sawios ku abdi dipangmilariankeun. abdi mah sanes calo tanah kang, mung kaleresan pun bibi damel di dinas tata kota, janten sok apal weh pami aya tanah nu bade diical. mung pami bumi anu di Jl. Gamelan mah kaleresan anu kapi raka. -Bohay- 2008/9/9 Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> > Paralun kasadaya wargi Kusnet, > > Si kuring teh aya kahayang, hayang bisa balik ka lembur asal. Cikan sugan > aya wargi didieu anu bade ngical bumi atanapi tanah di Bandung daerah wetan > atawa kaler, pang info keun ka si kuring sugan we atuh jodo tiasa teras > nego, di japri wae panginten nya. > Milarian teh anu tanah na 200 - 300 m2. da ari ageung teuing mah awis > panginten nya. upami tos aya bumian nya sukur atuh, kosong oge teu nanaon. > > Hatur nuhun sateu acanna kangge nu masihan info. > > Salam, > Budyana (nu sono kalembur) > >

