Walah, Kang Firman, Ambu mah sanes Nonggerak. Justru Ambu kalebet anu
nataroskeun wae saha ari ki nonggerak.

Saterasna, upama ieu pasoalan ki nonggerak baris leuwih loba
nimbulkeun fitnah (conto: sangkaan yen nonggerak teh Ambu, jst),
tangtu sakuduna kudu aya kaputusan ngeunaan status ki nonggerak di
milist. Keur saayeunaeun, statusna masih tetep salaku anggota milist
anu boga hak posting jeung ngajawab/reply postingan ti nu sejen, sok
sanajan kalayan catetan, tetep inyana teu ngawanohkeun maneh.

manAR


On Wed, Sep 10, 2008 at 10:15 AM, firman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> eh ah geuningan nong gerak teh si ambu .. punten atuh ambu .. rumaos da sim
> kuring teu acan kahontal ku silokana
>
> punten ah
>
>
> ----- Original Message -----
> From: firman
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, September 10, 2008 10:08 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] (Serat:45)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Si Janggot
>
> sumuhun ieu teh kang .. numawi sim kuring mah teu ngartos kamana arahna
> tulisan ieu teh .. dugi ka 45 serat .. saran ti sim kuring mah upami enya
> tulisan ieu penting ku kang NOng Gerak .. cing atuh kang .. di damel we
> janten safile kitu tah ... lebetkeun kana database kitu .. saha nu bade
> ngaos kantun ngadonlot we kang .. teu kedah panjang-panjang teras minuhan
> inbox sim kuring kang ..
>
>
> akur ka kang abbas sami sim kuring ge lieur .. lieur macana .. lieur minuhan
> inbox na ..hehehehehhehe
>
> salaam
>
> firman
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Abbas Amin
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, September 09, 2008 8:16 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] (Serat:45)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Si Janggot
>
> ari andika bangsa naon atuh ? Bangsa manusa kajajaden ? atawa naon ?
> Mani lieur euy uing ngabandunganana
>
> --- On Mon, 9/8/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Urang Sunda] (Serat:45)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Si Janggot
> To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda"
> <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Monday, September 8, 2008, 9:39 AM
>
> Si Janggot
>
> Aya lima urang nu bakal ngadatangan,
>
> tempat-tempat nu sok dijieun sesembahan,
>
> wayahna ku maranehna eta tempat bakal diberesihan,
>
> maranehna ku kuring geus dibekelan jang maehan siluman.
>
> Si Janggot bakal dititah kukurilingan,
>
> miceunan eusi disakabeh pusaka nu cenah aya karamatan,
>
> ku sausap dampal oge karamatna bakal laleungitan,
>
> si Janggot moal gimir najan disingsieunan.
>
> Mun aya nu teu percaya ka kuring,
>
> geura asongkeun pusaka naon wae ka kuring,
>
> bakal dikosongkeun eusinan ku kuring,
>
> ngarah nu percaya geura bisa areling.
>
> Siliwangi nepi ka menta pusakana disumputkeun,
>
> Siliwangi menta pusakana dikumpulkeun,
>
> supaya teu loba rahayat nu kasasarkeun,
>
> nyembah pusaka nu jelas lain sembaheun.
>
> 

Kirim email ke