Onta
"Kamu teh seperti onta" cek dosen ka babaturan si kuring. Mimiti mah teu ngarti dosen nyebut onta ka babaturan nu peranakan cina, gawena dosen uph. Bari nyerengeh, si kuring nanya, maksudna naon. Jawabna lucu, "Nya tingali we onta, lahir jeung gede di Arab tapi teu bisa nyarita basa Arab." Si kuring ngakak. Si babaturan bisa saeutik-eutik bae mah basa Sunda teh, cenah, ngan teu pede ari kudu nyarita jeung dosen mah cenah. Nya piraku, cicing di bandung teh lumayan lila, 7 taunan minimal, sakola. --- Basa reunian 20tahun barudak senirupa angkatan 1988, sobat kuliah urang Bali, I Gusti Ngurah Darmakusumah, datang. Uplek ngobrol nyacapkeun kasono 15 taun teu panggih. Manehna nyarita, di lemburna, desa Balun Kuta, kungsi kadatangan tukang gordeng cenah. Ditanya urang mana, da kaciri cenah lentong ngomong basa malayuna siga urang Bandung. Si horeng urang Buah Batu jeung Margahayu cenah. Nya si Ngurah teh nyarita basa Sunda. Tukang gordeng heran, aya urang Bali, menakna malah, nu cicingna oge di imah kulawarga khas Bali (tiap rohangan misah, mangrupa wangunan sewang-sewangan-cenah umurna geus ratusan taun) bisa nyarita Sunda. Ngurah ngajawab yen manehna kungsi kuliah di Bandung. "Syukur atuh ari kamu lain onta, mah" cek si kuring. Manehna teu ngarti. Sanggeus dijelaskeun maksudna Manehna ngakak. Manehna muka usaha konsultan desain interior jeung workshop mebel di Balina. Rada bosen cenah. Boga lahan gigireun imahna kosong. Dipikir-pikir eta lahan dijieun naon nya, cenah. Inget ka Bandung, baheula saminggu dua kali sok badminton di Cisitu, balik kuliah. Inget kadinya, manehna ngawangun gor badminton dua lapang. Disewakeun. Sakapeung manehna sok maen bari sok seuri sorangan cenah, inget kalakuan babaturan di Bandung baheula ari maen badminton. Aya nu seurieus, aya nu dua rieus, malah kungsi aya nu rek gelut sagala. Ngobrol uplek nepi ka soal ngaran Kuta. Da ongkoh manehna geus pindah ka desa asalna, Balun di Kuta. Ari baheulana mah di Maruti Denpasar. Aya karaton karajaan Karanganyar Bali nu cenah ngarana Jerokuta. Sihoreng pedah dikurilingan ku benteng. Kampung Kuta di Ciamis nu baris jadi salah salima studi kasus si kuring, oge asalna ti gawir nu ngurilingan eta lembur, nu memang siga benteng. Kuta di Bali oge bisa jadi asal usulna kitu. Ngan duka tah benteng nu dimaksud Kuta di Bali naon. Da si kuring can ngasaan ka Bali (karunya nya? Heuheu.) Moral of the story atawa carita ieu nyaeta sacara umum, urang mana mendi nu sakola di Bandung jadi barisa basa Sunda. Sanajan teu siga barisa. kitu deui nu sakola di bahasa nu beda cara US nu sakola di Yogya atawa Semarang komo nu di luar nagreg, da teu bisa basa deungeun di nagri deungeun mah atuh...kumaha

