Para wargi assalamualaikum,….

Nyanggakeun dongeng kampung ngeunaan dewi pohaci. Dikotret keun meungpeung aci 
nuju ditahan dipengkek (puasa), sugan kaginuluran bagja kenging kasinugrahan 
kasumpingan Pohaci utusan sunan Ambu sinelir di papada jajaran 
tangtung…hung…ahung.

Nyanggakeun sun

Baktosna
Eddy Nugraha

=====






POHACI: 

NYUGUH  POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK

Eddy Nugraha

Panganteur

I

Dina babasan  kampung Pohaci asalna tina pwah jeung aci. Ari pwah unsur  daya 
rido ti nu Maha kawasa supaya Jadi/mangrupa. Ari aci dina babasan sapopoe 
nyatana sari pati (nu alusna) tina dat contona nu teu bireuk  nepi ka ayeuna  
nyaeta ngaran aci - tipung nu asalna tina sari pati sampeu. Aci oge mangrupa 
sari tina puji sabab hasil pagawean/olahan nu jadi kapujian hartina 
dipikaresep/dipikabutuh ku nu makena. 

Jadi, pohaci dina babasan kabiasaan urang kampung mah nunjukkeun aci-aci ning 
dat nu dibarengan ku daya ti nu Maha kawasa  nu murbeng alam supaya 
ngajadi/ngabantuan kaperluan/kabutuh/karesep jalma/mahluk.

Matak indung beurang lamun arek ngubaran budak nu gering atawa nu ngadat/ceurik 
wae, sok biasa ngaheungheum beas cikur atawa panglay, tuluy lamun geus karasa  
rasa aci-aci/sarina ku anjeuna –da diasupkeun kana bahamna-  cikur atawa 
panglay the diburakeun atawa kadang saukur dilepehkeun bari terus ditempelkeun 
kana tarang nu gering/nu ngadat wae bari tuluy  ngucap

…PUAH (pwah)  CAGEUR siah!

Eta kabeh lir ibarat aci ngahiji jeung doa/itikad/program ti indung berang 
neneda ka nu maha kawasa make kecap Pwah....nya jadi Pwah kana aci….jadi 
Pohaci….nya tuluyna mah, nu ngan saukur cikur atawa panglay the boga daya 
mangfaat lain pakeun nyagerkeun atawa ngarepehkeun budak, sabab lain saukur aci 
cikur atawa panglay tapi jadi kaselir ku pohaci (na) cikur atawa panglay nu 
boga maunat nulung jelema.

Matak kangaranan pohaci diterapkeun oge kana sari rupa-rupa barang nu aya 
didunya. Kayaning- pare/ibu ngarana pohaci sang hyang sri, inten Pohaci terus 
patala, emas pohaci maya herang, barang dagangan pohaci wenis jati, Perak 
pohaci maya putih jrrd.

Malah geus kawicara dina tulisan bujangga oge, ayana tingkatan (pakeun 
ngabedakeun) tina sesebutan aci  nepi kana pohaci, yen misalna wae; pikeun 
nyebutkeun sel sperma disebutna  Aci putih maja herang aci putih tunggang 
herang (teu make pwah-atawa teu disebut pohaci tapi cukup aci); sel telur Aci 
putih maja hening aci putih tumpang lenggang; karek lamun geus ngajadi 
pembuahan/zygote disebutna ningkat jadi Pohaci nyatana Pohaci impun larang nu 
aya di gunung kembar.  

II

Tangtu wae dina bag-bagan ulikan mah, engke dibagian satuluyna bakal leuwih 
katingali, yen aya bedana tingkatan nerapkeun sesebutan aci jeung pohaci -Sabab 
moal aya ngaran lamun euweuh barangna, moal aya ngaran mun teu boga sifatna 
moal aya ngaran mun teu boga usik/guna/manfaatna- antara aci acining barang nu 
aya di dunya  jeung pohaci nu leuwih dijelaskeun ayana di alam kahyangan nu 
turunka dunya sasat saukur dipiwarang (Ngabdi-ibadah) ka Sunan Ambu. 
Kapanggihna alam katut panta-panta  aci tepi ka pohaci the –saperti nu bakal 
kailo dina bagian satuluyna- lamun geus rajin daek wekel mutih, ngabeuti, 
ngalalab, ngatah, niis jrrd latihan meruhkeun aci supaya manjing jadi pohaci. 

Leuwih jero deui Dina ulikan kasundaaan eusi. Pohaci the nu ngawarnaan RASA. Ku 
kawasana, Pohaci jadi panghurip nu nimbulkeun nyawa.  Tuluyna, pohaci jadi SIR 
nyatana rupa rupa rasa nu jadi pangrasa. 

Ari pangrasa nyatana nu jadi pangawasa nu hirup. Pangrasa matak jadi pangawasa 
sabab usik malikna jelema jeung sakabeh nu kumelip kumaha  pangrasana. Nya 
pangrasa ieu jadi pangawasa dat na, pangawasa sifat jeung tingkah polahna.

Ieu dadaran…pun sapun…. 

Rek nganepikeun yen kabiasaan sapopoe nu aya hubungana jeung kapercayaan kana 
pohaci di kampung, nu beuki kaayeunakeun beuki arang katarima ku jalma-jalma nu 
ngarasa ‘ngota’ jeung ‘educated’ ku ala barat jeung ala Arab, teh asal muasalna 
 bijil tina falasifah kapercayaan sunda baheula nu empirik. 

Para pohaci the ayana lain ngan saukur dongeng memeh sare tapi boga falasifah 
nu nuduhkeun kana ulikan tangtung jeung masih nerap dina babasan jeung 
kabiasaaan sapopoe  nu boga ‘nilai aplikasi’/kagunaan nu alus tur daya guna  
malah tepat guna, kayaning dina metoda  ngubaran, nyuguh, nyieun tumbal, teknik 
neluh & nolakna, jeung ngomean awak  katut ngomean lingkungan, malah isik 
sering dipake pakeun nganteur pamaksudan dina usaha jrrd.

Ieu dadaran… pun sapun…. 

Rek ngajelaskeun ngeunaan Pohaci utusan sunan Ambu nu heubeul  nulung seuweu 
siwi tedak pajajaran….nu ayeuna mah geus diapi lainkeun/dianggap 
pamusrikan/bidah jrrd ku kalolobaan urang sunda kiwari sabab  bisa jadi  bijil 
tina heureutna kanyaho inohong sunda –nu make jalan Arab (lain saukur jalan 
Islam) - dina masalah ageman, jeung heureutna kamampuh inohong sunda nu saukur 
ngarasa nyunda tapi teu tapis ngeunaan pamahaman Islam nu rahmatan lil alamin 
(nu lain saukur pamahaman Arab) oge teu wanoh kana kamajuan paradigma jaman. 

Wah…siah….. 
….timana asalna wani dodongeng jeung nyebut kitu? ….Naha saukur kirata wae  
….dinyata-nyata ku kira-kira? Naha saukur ka teupuas kaum marginal?

Tapi,….Cik  atuh kumaha enyana mun enya-enya enya mah enyana?

Ngan kade euy  bisi neunggar pangrasa batur….
…. Hayoh matak  kabur pang ACIan! 
puah…pwah!
Hung…ahung!

(Bagian salajengna Urang teraskeun upami pareng)





      

Kirim email ke