Kalayan Hurmat,

Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa 
medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi September 2008.

Anu eusina diantawisna:

Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang

Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka Salaka 
Online ngalangkungan Uparengga Palalangon 
(http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka 
[EMAIL PROTECTED]

Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Midangkeun:
Benteng
Ngagelarna rasa nu ajeg, tina tangtungan maneuh ,lebah tatapakan pangapungan, 
lir eunteung nu ngalelewe. Sanajan mun mapay ka puhu, enya bibit-buitna tina 
katangtuan “Decklarations of Human Right”, tapi apan ngagetrakna rasa mah 
teu leupas tina pangarauh kaayaan jeung lingkungan. Boh lingkungan alam, fisik, 
atawa psichys nepi ka supernatural. Naon wae nu diasongkeun, nu dipidangkeun, 
anger nyoko kana kanyataan mimesis. Da mustahil aya tapak tanpa lacak, sanajan 
bisa wae disebut inovasi atawa kreasi anyar. Teu bina cara pagedrugna 
katangtuan hukum jeung aparat hukum, dina ngajegkeun bener nu bener ceuk hukum, 
apan ipis-ipis paraji na mah, matak kaleungitan nurani. Sanajan geus jadi Senen 
kalemekan, Salasa kacapangan, sabiwir hiji, pada nyebut pada ngukut, padahal 
ukur kasuistis, dina harti can ngajanggelek fenomena negative, nu gegedena 
nyurungkuy tina opini public.
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Midangkeun:
Manusa Salaku Individu
Dinamika masarakat mindeng robah komo dina dekade pamungkas, sawatara teks 
al-Qur’an moal robah. Ku kituna dibutuhkeun proses dialogis antara teks jeun 
konteks. Ku jalan kitu pamikiran kana pengenalan jeung aktualisasi al-Qur’an 
di masarakat kudu sinambung (on going process). Sosialisasi ajen-inajen 
al-Qur’an taya lian ti ngalaksanakeun upaya-upaya kumaha sangkan al-Qur’an 
nu asalna ti deungeun teh dianggap hiji hal anu aya pakaitna jeung ajen-inajen 
lokal ku masarakat lokal daerah, bari jeung teu kudu ngorbankeun naon-naon anu 
geus dipiboga. Kumaha sangkan maranehna bisa narima sagemblengna minangka unsur 
anu sinambung jeung naon-naon anu dipiboga salila ieu, sahenteuna anu geus aya 
dina hasanah ajen-inajen lokalna. Di sagigireun pamikiran, kumaha mere tempat 
pikeun ajen dasar al-Qur’an dina kapling ajen-ajen universal.
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Zakat Fitrah Kasampurnaan Nyucikeun Diri
Kacida untungna jalma jalma anu nyucikeun dirina. Jeung anu inget ka Alloh Aja 
Wajala, tur ngalaksanakeun parentahna, salah sawiosna sholat (Al'alaa 14-15). 
Dulur dulur sadayana,anu dimulyakeun ku Alloh, teu karasa ku urang sadayana tos 
tiasa pendak deui jeung bulan ramadhan, bulan suci pikeun umat muslim, muslimat 
anu saroleh, sararolehah. Bulan suci pikeun ngalebur dosa. Hyang Cholik masihan 
deui kasempetan kaurang sadayana, panjang umur, teu aya sanes, masihan omer 
ngajalankeun tobat, anu sabener benerna tobat, fisik, hate dihijikeun, munajat 
ka Pangeran yen urang loba karumasaan memang rumasa, loba dosa, ngumbar napsu, 
ngagugu pangajak syetan, anu temahna ngajongklokkeun kajurang naraka.
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Midangkeun:
Carpon Sora
Nu balik janari tina pipir birit peuting, ngalongkewang ngudag padataran lebak, 
nu ngaplak, nepakeun kahayang kana lalakon nu panjang sesa tina pangalaman. 
Ngalengkah teh mapay tanjakan nu tarahal tur nanjeur harieum beungeut, 
ngajeujeuhkeun paneumbleuhan kadeudeuh. Najan kudu kukurusukan dina gerembel 
saliara nu pajurawet cucuk, teu ieuh ngarasa hanjelu, da puguh jucungna tangtu 
huluna. Jadi sanajan ceuk nu sejen pamohalan, taya barang kinasihan taya 
kasieun ka keueung.Naon wae nu bakal kajadian, daek teu daek kudu 
disanghareupan. Lebah dinya na mah, naon nu teu make risiko, boroning dahar sok 
kabeureuyan, dalah sare ge risikona teu saeutik. Tina lambaran nu nyesa, 
malibirkeun kayakinan kana sela-sela kahayang, bari duka kateang duka moal, 
apan sagala ge cicing dina katangtuan kodo jeung kodar. Teu bisa naon kahayang 
nu dicalagarakeun ngajanggelek dina angen-angen manteng. Keukeuh we, kangaranan 
nu disebut mahluk, moal leupas tina susah jeung bungah.Tina gagal jeung hasil.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Carpon Kartu Kredit
Leumpang muru sakola rurusuhan, geus kabeurangan tuda. Sugan teh rek gancang 
tepi geuning buktina jauh keneh. Tuda leumpangna jelema nu geus cape gawe 
peuting. Tapi lain digawe nu lain-lain, ieu mah estuning gawe keur nambahan 
pangupa jiwa. Bongan gajih teu cukup, jadi weh nyupiran angkot unggal peuting.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Purbastiti/Tatakrama
http://www.salaka.net/?page=Purbastiti

Midangkeun:
Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap 
kantetan. Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning 
hirup. Biasana dina wangun kalimah.
http://www.salaka.net/?page=Purbastiti

Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Midangkeun:
Mashudi Pajoang Jeung Tokoh Pendidikan
Lamun urang ngadenge ngaran Mashudi, anu kacipta teh pasti barudak pramuka 
Siaga anu keur arulin udag-udagan, Penggalang anu keur kemping, Penegak anu 
keur naek gunung, atawa Pandega anu keur diskusi. Enya, mantan Gubernur, 
pajuang jeung tokoh pendidikan teh identik jeung kagiatan pramuka, sabab 
anjeunna aktif ti mimiti KBI nepi ka Pramuka. Malahan taun 1978-1994 jadi Ketua 
Kwartir Nasional Gerakan Pramuka. Sababaraha bulan samemeh Jambore Nasional 
2006 dibuka ku Presiden Soesilo Bambang Yudhoyono, ieu tokoh Pramuka teh tilar 
dunya. Mashudi, urang Sunda anu aktif di dunya pendidikan jeung kapramukaan.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Midangkeun:
Urugna Gunung Wayang
Kajadian alam anu teu asup ku akal, teu kaharti ku pikir mangrupa totonden 
atawa naon bae bisa karandapan ku manusa dina hirup kumbuh sapopoe. Kajadian 
aheng anu kungsi ka alaman ku padumuk di wewengkon Desa Majalaya di Kampung 
leuwidulang dina taun lima puluhan oge mangrupa kajadian alam anu teu kaharti 
kuakal. Kajadian ieu teh karandapan sarta nyata kaalaman ku balarea sakur 
padumuk anu aya di sisi walungan Citarum.
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Guruwerti/Opini, Bahasan
http://www.salaka.net/?page=Guruwerti

Midangkeun:
Kujang Gagaman Piandel
Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, 
pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa 
wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun 
kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih ti nu maca Salaka anu 
aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal usulna sebutan Kudyang anu kiwari 
kawentar disebut Kujang. Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. 
Sabenerna ti baheula keneh oge kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, 
salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy 
dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna 
anu jadi ciri mandiri.
http://www.salaka.net/?page=Guruwerti

Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Midangkeun:
Lomba Tingkat IV Pramuka Pendidikan Luar Biasa di Kuningan
Kurang leuwih jam 06.30 kuring indit ti komplek Taruna Parahyangan, 
Ujungberung, Kab. Bandung ka kantor anu pernahna di jalan Cikutra, Bandung. Aya 
dua alternatip kandaraan nu digunakeun nepi ka kantor Kwartir Daerah Pramuka 
Provinsi Jawa Barat teh. Nu kahiji make ojeg nepi ka jalan gede, tuluy naek 
angkot warna pink jurusan Simpang Dago. Pasti eta angkot ngaliwatan jalan 
Cikutra, patokan eureunna di GOR Citra Arena. Nu kadua, make ojeg langsung tepi 
ka kantor (lamun keur rusuh jeung kapegat macet). Kabeneran harita keur rusuh, 
jadi kuring make ojeg tepi ka kantor.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Pamijahan, Pajoangan Syeh Haji Abdul Muhyi Mekarkeun Agama Islam Di Jawa Barat
Pamijahan teh hiji kampung anu pernahna sisi walungan, anu matak lamun walungan 
caah eta kampung ge kabanjiran. Nepi ka sababaraha imah kabawa palid. Pamijahan 
sabenerna puseur kampung, ngarangkep puseur Desa Pamijahan. Baheula mah 
katelahna Desa Bongas, Kacamatan Bantarkalong, Kabupaten Tasikmalaya. Di dinya 
aya makam waliyullah SYEH HAJI ABDUL MUHYI bin SEMBAH LEBE WARTAKUSUMAH. 
Jenengan ibuna nya eta RADEN AJENG TANGANJIAH.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Midangkeun:
Seminar Sajarah Jawa Barat
Seminar sajarah anu munggaran diayakeun dina dekade taun dua rebuan ieu meunang 
perhatian anu lumayan ti kalangan guru sajarah. Kakara ayeuna nyarahoeun yen 
karajaan munggaran di Jawa Barat teh Salakanagara lain Tarumanagara, jadi perlu 
dipikiran kumaha ngaganti buku pangajaran ngeunaan sajarah, utamana sajarah 
Jawa Barat. “Bangsa anu luhur nya eta bangsa anu ngahargaan jasa 
pahlawanna”, kitu kasauran Bung Karno anu nepi ka ayeuna moal bisa 
dipopohokeun ku sakumna bangsa Indonesia. Kekecapan sejen anu moal bisa 
kapopohokeun, nya eta “Basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit 
bangsana”. Indit tina dua ranggeuyan mutiara ieu, Majalah SALAKA Online 
bareng gawe jeung Museum Negeri Sri Baduga ngayakeun seminar sapoe anu 
lumangsung tanggal 28 Agustus 2008 jam 08.00 nepi ka 16.00 di Aula Musieum 
Sribaduga, Jl. BKR 185 kota Bandung, kalawan judul “Sejarah Jawa Barat di 
Museum Sri Baduga sebagai Sarana Pembelajaran”.
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Sidang Gugatan Para Pensiunan TELKOM Diundur Deui
Sidang gugatan para pensiunan PT.TELKOM poe Rebo tanggal 27 Agustus anu geus 
kaliwat di Pangadilan Negeri (PN) Bandung diundur nepi ka tanggal 17 September 
2008. Nomer register 202/PDT/G/2008/PN-BDG geus kacatet di Panitera Keperdataan 
PN Bandung tanggal 17 Juni 2008. Sidang dipimpin Majelis Hakim Teguh SH 
(Ketua), HA Moehan Effendi SH jeung Aziz SH (Anggota).
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Midangkeun:
Harley Davidson
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Domba Bodas Domba Hideung
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Murag Sorangan
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Kuda Pacuan
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Begal Spesialis Bank
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh


Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.

Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke