Nagara Saudi teh nagara beunghar. Sarerea pada apal, aya kawajiban munggah haji ka Mekah. Ari ka mekah tea apan teu bisa make karpet ajaib Aladin, tapi kudu naek kapal, boh kapal laut atawa kapal udara. Tah upama pamarentah Saudi teu bisa ngawasa teknologi nyieun kapal keur sarana naek haji, padahal harta lubak libuk, turta naek haji teh wajib hukumna, kaasup ngaheureuykeun Qur'an jeung Hadis henteu nya?
salam, mh On Mon, Sep 15, 2008 at 9:08 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Anu bakal rame lamun tarjamah ieu dialungkeun kana berbagey aliran > pamahaman..pasti dumasarna bakal padungdeng dina sabuderen naon depinisi > "ngaheureuykeun"..........Sami sareng dung denga naon eta "Aurat".... > > On 9/12/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> "Jeung mun maneh nanya ka maranehna, tangtu manehna ngajawab"Saestuna kami >> ngan heureuy jeung ngulinkeun wungkul" Ucapkeun:"Naha jeung Alloh, ayat-ayat >> Na jeung RosulNa maraneh ngaheureuykeun?". Maneh teu kudu ngenta dihampura, >> lantaran maneh geus kafir saenggeus iman, Mun Kami ngahampura sagolongan ti >> maneh (lantaran tobat), tangtu Kami bakal ngazab golongan lain kulantaran >> maranehna jalma-jalma nu ngalakukan dosa" (At Taubah 65-66) >> >> >> >> Dumasar kana ayat diluhur, kuring umajak ka baraya sadaya supaya ati-ati >> ulah nepi keun ka ngaheureuykeun naon-naon anu datang tina Qur'an oge hadits >> rosululloh. Kawajiban urang pikeun iman kanu naon wae anu datang tina Qur'an >> oge hadits. >> >> >> >> >> >> baktos, >> >> nana > >

