Buku "Kudeta Mekkah" teh saolah-olah mere panggeuing keur umat Islam ti sakabeh aliran, kumaha rawanna Masjidil Haram ti ancaman jelema nu teu pati waras atawa panatik kaleuleuwihi. Dina buku ieu dicaritakeun kumaha reaksi umat Islam waktu meunang info ieu. Sagala rumor marucunghul jaba dimanfaatkeun deuih kudu boga kapentingan. Salah sahiji rumor neybutkeun yen nu nyerebu masjidil Haram teh zionist jeung Amerika. Akibatna Kedutaan Besar Amerika di Pakistan diduruk, 4 urang maot, kaasup saurang marinir Amerika nu ngajaga. Hal nu sarua di Kedubes AS di Lybia nu ancur dibaledogan.
Oge akibat rumor nu teu pararuguh ieu, Mahmud Ali Agca, saurang nasionalis jeung Islamis Turki, nembak Paus John Paul II waktu Paus nganjang ka Turki sataun satengah sanggeus kajadian ieu. Dina hiji buku catetatanana, Agca nulis yen manehna kacida hanjeluna ku "penodaan" Masjidil Haram ku urang Kapir zionist jeung Amerika, manehna nganggap nganjangna Paus John Paul II ka Turki salah sahiji rencana kaum Kapir keur ngancurkeun Islam. Dina sajarahna Ka'bah teu kungsi digunusika ku kaum kapir. Raja Abrahah ti Yaman nu nyerebu rek ngancurkeun Ka'bah, pas waktu Kangjeng Nabi Muhammad dibabarkeun, teu hasil, sabab pasukanana "dipurulukan" batu kerikil panas ku manuk-manuk aneh nu mucunghul. Dina perang Salib Pangeran Reynaoud de Chatillon ngalakukeun ekspedisi laut Merah rek naklukeun dua kota suci Umat Islam, Mekkah jeung Madinah. Kasombongan manehna lain hasil malah beuheungna nu pegat ku pasukan Sultan Sallahudin Al ayubi. Hiji-hijina "penodaaan" kana Kabah anu hasil, samemeh kajadian taun 1979, nya ku urang Islam sorangan. Di taun 929 M, sakolompok Islam pasisian ti sekte Karmatian ngajarah Ka'bah jeung maok Hajar Aswad. Maranehna neundeun batu hideung ieu di wilayah suku maranehna di Arab Wetan, dideukeut Qatif. Kasang tukangna hayang neangan kauntungan ku lobana nu ziarah ka batu ieu. Skema "turismeu" ieu teu jalan. Sanggeus 20 taun, batu eta diteundeun deui ditempat nu jadi hakna *) Tah meureun sakuduna umat Islam, salawasna kudu ngarasa ngahiji, sanajan dibedakeun ku rupa-rupa aliran. Teu kudu silih salahkeun, asa pangbenerna. Keur ngajaga supaya tempat suci urang, nu ngahijikeun urang salaku umat Islam, teu aya nu ngagunsika boh ku jelema kurang waras, asa pangbenerna atawa ku motif-motif sejenna. *) Hajar Aswad dipaling ditaun 929M, salian ti buku "Kudeta Mekkah", tiasa dibaca oge dina Ensiklopadia Britanica. Baktos, WALUYA

