Kamari kuring mostingkeun perkawis acara HBH KUSnet sapertos dihandap ieu.  
Tadina mah, diengke-engke teh milarian waktos sareng materi acara anu tiasa 
nyugemakeun kanggo para wargi  KUSnet, sareng hoyong ngayakeun “pembaharuan” 
sareng perobihan anu kaluar tina kagiatan anu ilahar, ku cara nawiskeun halal 
bihalal bari sakantenan wisata studi ngaluaskeun wawasan, anu  satiasa-tiasa 
mah heunteu ngarepotkeun wargi KUSnet. Rupina para wargi KUSnet tos teu sabar, 
hapunten kuring tambelar. Dina perkawis ieu kuring anu lepat. Ka para wargi 
KUSnet mugi agung cukup lumur jembar panghapunten.
 
Kumargi respon kana naon anu ditawiskeun ku kuring, kirang direspon sacara 
positif, kuring salaku  anu kapapancenan kenging amanah janten ketua kanggo 
ngayakeun acara Halal Bihalal KUSnet taun 2008 ieu, bade masrahkeun deui amanah 
ieu ka para wargi KUSnet, hususon ka Apih Sidik.
 
Baktos,
 
Mrachmatrawyani
 
HBH KUSnet (19/10) di Sindangbarang Bogor
 
Ka para wargi KUSnet anu tos masihan amanat,  si kuring nyuhunkeun 
panghapunten, wirehna salami ieu, “ngabetem” perkawis Halal Bihalal (HBH) 
KUSnet, kumargi teu acan gaduh kapastian perkawis tempat, acara sareng waragad. 
Dinten ieu nembe “nyay-nyayan” aya sakedik harepan, margi tos kacepeng perkawis 
acara HBH.
 
Tema acara mah sederhana wae “manjangkeun silaturahim, nyukruk salah sahiji 
situs Karajaan Sunda”, anu bade ngabantos sareng supados langkung “memahami” 
perkawis ieu,  Agus Aris Munandar , doktor Arkeologi FIB UI anu “menemukan 
pertama kali” situs Karajaan Sunda di Sindangbarang Bogor, sayogi janten 
narasumber. Disarengan ku  para mahasiswa FIB UI anu  sayagi janten “pemandu” 
wargi KUSnet, pikeun ngabaladah situs. Kunaon HBH KUSnet nyabit-nyabit situs 
Karajaan Sunda? Margi sataun dua taun kapayun mah,  eta situs teh tos janten 
rel estet, sapertos di Rancamaya.
 
Iraha waktosna? Teu lepat deui, dinten minggu ping 19 Oktober 2008, ti isuk 
jedur dugi  ka wanci magrib. Dimana tempatna? Di Kampung Budaya Sindangbarang 
(KBS) Bogor. Kumaha perkara waragad? Saur ti pihak KBS mah masihan ancer-ancer 
infak Rp 50.000/jalmi. Naha kedah di Sindangbarang? Supados upami panata 
calagra aya karerepet, tiasa “lumpat” ka bumi Apih Sidik.
 
Perkawis teknis sanesna, tiasa dibadantenkeun langkung paos, dina acara 
rapat/kempel panata calagra.
 
Baktos,
 
mrachmatrawyani
 
 
 


      

Kirim email ke