Kang Yan, Kang Sutisna, Kang Ocha, Kang Tirta, Ambu oge Kang Oman miwah 
kawargian sadayana hatur nuhun kana ‘responna – abdi mah belikan he…he….he mun 
teu aya respon ngandung hartos teu dipikaresep…berarti tong diteraskeun….. bisi 
maksa…pan teu aya paksaan dina ageman …eh dina millis mah.

Tambihan penjelasan puah tina tuah (melayu) numutkeun Kang Oman kaanggo pisan. 
Ku abdi enggal di lebetkeun kana pabetekan (didieu mah teu acan).

Baktosna
Eddy nugraha


=========

POHACI: (II)

NYUGUH  POHACI MEUNGPEUNG PUASA, POHACINA POHACI SANG HYANG DEWEK


III

Memeh  ngadadarkeun hal nu empirik/aplikatif  ngeunaan pohaci, Urang mimitian 
utamana ku dongeng nu jadi ‘framework’ ulikan ngeunaan Pohaci nu sok 
kapangih/katuliskeun nu bisa kabaca ku umum dina pantun- sabab saperti nu geus 
kajanapria, dina nyimpen atikan tur nganepikeunana falasifah turun manurun, di 
sunda mah loba nu di’kemas’  make media  pantun:

Pohaci teh awewe nu aya di kahyangan (sok disebut oge bumi suci alam padang) nu 
ngabantu Sunan Ambu. Ngaran Pohaci diantarana nu kabukukeun SangHyang Sri, 
Wirumananggay,  Rincik bumi, Karma Seda, jrrd. Pohaci –ngan pohaci mungkul-  nu 
biasana sok dipiwarang ku Sunan Ambu turun ka Buana Panca tengah Lamun aya 
seuweu siwi boga maksud/kahayang (umumna mah ngan kacaritakeun lamun boga 
kahayang sabab boga kasusah/karererepet). 

Kawas dina carita Mundinglaya  nu (pernah) paeh sabab ngalawan guriang tujuh, 
nya bisa dihirupan deui (ditulung) ku disumpingan ku Pohaci Wirumananggay .

Naha bet ku wirumananggay ? lain kunu sanes 

(Ambu Richa  Wirumananggay haturan sun….). 

Kadieunakeun, dina basa sapopoe –sab di sunda cenah kapangaruhan ku hindu- 
pohaci sok oge jadi disebut dewi atawa bidadari. Misalna pohaci sanghyang Sri 
jadi Dewi Sri. Ditambahan ku dongeng lamun Pohaci –bidadari- turun ka dunya 
ngadon mandi di leuwi ngaliwatan katumbiri jeung lamun kabawa karembongna ku 
batur teu bisa balik deui ka kahyangan.
        
Naha  pohaci ayana di alam kahyangan, naha dialam kahyangan pohaci turunna 
kadunya kudu nunggu dititah?, jeung naha bet nitah pohaci, teu tiasa Sunan Ambu 
angkat nyalira? Naha pas ngalawan guriang tujuh bet paeh? Jeung naha dihirupan 
ku Pohaci? Jeung naha bet ditambahan ku caritaan sok ngadon mandi dileuwi dunya 
ngaliwatan katumbiri - lain lamun aya katumbiri mah wayah geus hujan meureun 
hawa leuwi jeung caina tiris - rada aneh resep mandi lain dina  wayah 
panas/haneut?? 

Urang bukakeun saeutik lalangsena: urang jujut ti wiwitan, urang pake keur 
wekasan, didunya urang wanohan, ameh kaaasaan manis imbitna ameh teu giyung ku 
amisna. ameh teu katerap tai hyang karatan teu boga danghyang teu mulya di 
parahyang(an) sab geus teu apal naon ari kahyangan.



IV

Mimiti jalma dina jero beuteung indung, jadina Sang Pohaci Impun larang 
(zygote) nga anak sudang (janin) ngagedean tur lengkep sapuratina  kusabab 
lengkepna/ayana sari sari kadaharan/hakaneun (gizi) nu dituang ku Indung jeung 
hasil tina (kuat/henteu, sehat/henteuna) bekel Aci putih maja herang aci putih 
tunggang herang (sel sperma) tina sari aci-acining kadaharan nu dituang ku 
Bapa. 

Matak kongas kasebut  lamun ngabasakeun ka budakna -jelema  hurmateun nu diajak 
nyarita) sok bari ngahurmat kolotna, nyebutna urang teh pan ka indung/oge ka 
bapana make sesebutan TUANG IBU TUANG RAMA, hartina ngingetkeun kanu diajak 
nyarita yen jelema nu ayeuna mulya teh jadina sabab lantaran hese cape indung 
bapana. Ibu tuang (dahar) bapa tuang (dahar) acining dunya nu nampa narima nya 
budakna (ngajadi  janin). Da lamun euweuh aci-acining hakaneun nu asup ka 
indung/bapa mah moal jadi mangrupa orok - budak katempuhan (mun goreng 
acina)/kabere untung (mun alus sarina)

Sanggeus sampurna aci-acining kahakanan pakeun ngajadikeun janin cenah ku nu 
murbeng alam dipasihan sukma (ruh). 

Lamun dina Mushaf Utsmani  loba aya ayat-ayat nu dicutat ku ulama nu 
ngadugikeun proses janin tina sudut pandang biologi nyatana: tina saripati 
taneuh, nutfah, ‘alaqah, mudhghat, izham tuluy disampurnakeun ku ruh Allah 
(diantarana-Al mu’minun 12-14).  

Disunda mah analisana make  sudut pandang  kahanan (dimensi): 

Kahanan mimiti dina jero kandungan saggeus dipasihan sukma  (bulan ka 1) 
kasebutna Sang Sukma Mulya. Ku pangaruh aci-acining kadaharan nu asup kana 
‘rahim’ ibu. Ieu kahanan kahiji teh robah jadi  boga rasa (Sang Sukma 
rasa/bulan ka 2),  Sang jati rasa, Sang sari rasa.  Malah engkena jadi Sang 
terus rasa. 

Ku kituna memeh asup kana tahapan Sang terus rasa (bulan ka 5) jeung geus  jadi 
sari-sari rasana  si anak sudang (janin) (bulan ka 4), nukagedekeun ku pola 
pikir sunda bihari mah  sok salametan nu eusina ngadu’a -mere program kana 
aci-aci nu geus beuki ngajadi- ku acara 4 bulanan keur si utun inji dina 
kahanan Sang jati rasa nu nambahan sari-sari rasana. Sederhana na mah, 
diantarana,  ku nyieun bubur beureum bubur bodas - ameh salamet….aci-aci ning 
kadaharan…ditambahan ku du’a/itikad/program supaya ngajadi  pareng pohacina 
sinelir.

Ku salametan  ngadu’a (program) teh, nu asalna ukur sari-sari acining dat jadi 
ditambahan ku sari-sari acining puji (do’a+ aci nu direkayasa jadi 
–diantarana-bubur beureum bubur bodas). Ngajadikeun ayana ‘interaksi’ antara 
aci-dijero-nu geus ngabaju jadi janin- jeung aci-aci diluar nu direka jadi puji 
diprogram pakeun kasalametan nu dijero.  Tah ku kajadian didieu mimiti  (dina 
bagian satuluyna) bakal kapanggih/ka-track ayana teknik neluh jeung nolakna. 
(he…he…he tong tebih-tebih tengetan we…teluh kejo)

Ayeuna geus kabuktikeun ku dunya medis yen aya hubungan antara  anak sudang 
jeung emosional indung katut kondisi lingkungana kayaning  ngadenge musik jrrd. 
Ku kituna, salian ti pantangan-pantangan lain  ka indung bapa salila reuneuh, 
mere do’a/program ka anak sudang ku cara salametan dina bulan ka 4 (jeung oge 
bulan ka 7)  sawarna jeung mere pangaruh kawas ku musik ka  anak sudang. Malah 
ieu mah make resonansi aci-acining kadaharan bari husus diprogram supaya 
kaginuluran bagja, diantarana,  Pohaci  nyataning aci-aci nu aya 
Tuah/dayana/pwahna  jadi di  (bakal) anakna.

Dina bulan ka genep, Sundana -bekel cahaya/nur- ti nu maha suci nurusamawati 
wal ardhi rek dicekapkeun matakna kongas ieu kahanan janin kasebut Sang Nurseda 
(sunda panungtungan pasihan rabbul alamin) nu engkena  si anak sudang jadi Sang 
Aria Bumi. Supaya sampurnana kahanan Sang Aria Bumi/euweuh gangguan  narima 
nurseda, deui-deui indung bapana ‘intervensi’ ku ngadu’a ka maha Suci mere 
program salametan  ku acara tujuh bulanan. 

Jst…………………..

(ka millis mah punten teu dikintunkeun ngeunaan dua kahanan panungtung, da 
saterasnamah mung cecepengan indung beurang (jeung nu hoyong apal  cecepengan 
jadi  indung beurang). 

V

Utamana mah,  2 kahanan panungtung jadi trigger pakeun nga-uninstall diri balik 
ka asal lumenggang. Sabab lamun aya jelema gagah sakti make proses ‘rekayasa 
tina fitrahna’ ku ngopy jeung nga install rupa rupa tambahan program nu 
ngamodify wujud normalna –kayaning jadi weduk, pelet jrrd- terus dibacakeun ku 
indung beurang wincikan ‘track’ wiwitan nu jadi manehna –lamun bener-bener 
indung beurang- sok leungit pangawasana ‘anomali’na balik deui kana normal –. 

Ieu teknik ‘System restore’ masih dipake pakeun ngaleungitkeun sabangsaning 
‘kawedukan, kajayaan jrrd’ lamun geus teu diperlukeun atawa arek mulih ka jati. 
Sabab mulih ka jati bisana lamun geus bisa mulangkeun ka asalna sakabeh 
aci-acining nu ngajadikeun wujud.  Kabeh kawedukan jrrd ‘engineering wujud’ 
diasupkeun ka jelema make proses intervensi/rekayasa aci-acining nu jadi sarina 
(tingal bagian XXI).

Sukuran/salametan  4 bulanan oge 7 bulanan diparigawe salaku upaya kontrol, 
ngarawat jeung ngomean  ku ahlina sabab rea manggihan yen salila kakandungan 
the loba gangguan ka jabang bayi ngaliwatan pangaruh lingkungan, asupan gizi, 
stress kahariwang emosi indung,  tingkah laku bapa (nu sok nyambung/aya 
pangaruh ka pamajikana nu ngandung nu jadina mangaruhan budak). Oge, sanajan 
sapopoena mah biasana indung bapana oge geus apal kana pantangan lamun keur 
kakandungan tapi pan jelema tea sok keuna ku poho, balangah jeung lalawora. 

Bisana urang sunda nganyahokeun dimensi kahanan anak sudang/janin sabab disunda 
mah loba cai. Ku kajatnikaan luluhur sunda, ulikan sunda ku mrogram maneh bari 
teuleum di cai ngarupakeun ‘modelling’ dina upaya pendekatan ‘shahih’/teruji 
kana kaayaan janin dina jero kandungan (tingali we sarua kabeh kalingkupan 
cai). Loba bukti empirikna, da sanyatana memang ulikan ieu teh geus masagi, 
tinggal daek nanya ka ahlina.  

Matak bisa jadi lamun lingkungan alam sunda beuki rusak ku diantarana jadi hese 
cai, hiji isarat yen kalolobaan urang sunda teu wanoh kana ulikan luluhurna. Da 
lamun wanoh mah meureun bakal heman ka cai jeung lingkungan nu  jadi sabab cai 
cur cor. Lamun euweuh cai leungit metoda/teknik pakeun nganyahokeun bibit buit  
bekel lumenggang.



      

Kirim email ke